Kecap Mojang lenjang, srangéngé, jeung jungjunan dina sajak ti luhur

Berikut ini adalah pertanyaan dari wiah6462 pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Kecap Mojang lenjang, srangéngé, jeung jungjunan dina sajak ti luhur kaasup kana kecap nu ngandung makna ?

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Mojang lenjang hartina mojang anu jangkung. Hideung santen hartina semu hideung, mulus jeung beresih, atawa basa Indonesiana hitam manis. Sarangenge hartina panon poe. Dipepende hartina diusapan sirahna atawa dikelonan. Ngempur hartina cahayaan. Jungjunan hartina dunungan, majikan atawa tuan. Puput umur hartina maot. Kurebkeun hartina kuburkeun. Pangkonan hartina pangkuan.

Tah eta anu di luhur mangrupakeun tarjamahan tina kecap-kecap anu ditanyakeun. Tapi lamun ditilik-tilik, sabenerna eta kecap-kecap teh mangrupakeun kecap-kecap anu aya dina hiji sajak anu ngabogaan judul Prinagan. Jadi lamun kecap-kecap nu ditanyakeun eta dihubungkeun jeung sajakna, tangtu bakalan leuwih kaciri naon nu dimaksud dina unggal kecap eta. Maksud unggal kecap nu aya dina sajak Priangan teh nyaeta :

1. Mojang lenjang, lamun dihubungkeun jeung eta sajakna, maksudna endahna tanah Priangan teh diibaratkeun saperti mojang anu lenjang atawa mojang anu jangkung.

2. Hideung santen, maksudna tanah Priangan teh diibaratkeun saperti mojang lenjang anu hideung santen, atawa mojang jangkung anu semu hideung, mulus jeung beresih atawa hitam manis.

3. Sarangenge, maksudna alam di tanah Priangan teh unggal poe dicaangan ku sarangenge atawa panon poe.

4. Dipepende, maksudna lamun peuting tanah Priangan teh dipepende atawa dikelonan ku cahaya bulan.

5. Ngempur, maksudna lamun peunting tanah Priangan dikelonan atawa di pepende ku cahaya bulan atawa bulan ngempur.

6. Jungjunan, maksudna saking mikacintana ka eta tanah Priangan, nu nyieun sajak ieu nepi ka nyebut jungjunan atawa kabogoh ka tanah Priangan.

7. Puput umur hartina maot.

8. Kurebkeun hartina kuburkeun.

9. Pangkonan, maksudna lamun nu nyieun ieu sajak engke maot atawa puput umur, hayang dikurebkeun atawa dikuburkeun di pangkonan atawa di tanah Priangan.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh neizafauziah dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 20 Jul 21