tolong kak buatin dongeng sang kancil pake bahasa Sunda plisss​

Berikut ini adalah pertanyaan dari im8207770 pada mata pelajaran IPS untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Tolong kak buatin dongeng sang kancil pake bahasa Sunda plisss​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Si Kancil jeung Buaya (Si Kancil dan Buaya)

Dina hiji poe aya si kancil, sato nu dianggap pinteur eta teh keur lelempangan disisi leuweung. Manehna keur neangan walungan kusab cuaca poe ayena teh panas kacidaan, si kancil neangan cai keur nginum kusabab ngarasa aus.

Teu lila kaparengan di sisi leweung teh manehna nempo aya walungan anu caina rada kiruh. Si kancil nyampeurkeun sarta nginum caina eta, sanggeus si kancil nginum aya anu nyuara dina jero beuteung na.“kruuuk…kruuuuuk…kruuuuuk.”

Wah, sigana si kancil ayena tos ngarasa kalaparan. Si kancil ngabayangkeun nikmatna lamun aya kadaharan kabeukina nyaeta bonteng. Nanging kebon bonteng eta aya di peuntas walungan. “Kumaha cara nyebrangna nya kuring teh?” Ceuk si kancil bari mikiran carana sakeudeung.

Teu kungsi lila si kancil boga ide, bari ajol-ajolan si kancil atos tuluy bari ngajorowok: “Hey.. Buaya.buaya. hayu buru kaluaaaaar. Kuring boga kadaharan jang maraneh!!” Ceuk si kancil ka buaya-buaya anu kabeneran loba cicing di walungan eta teh.Sakali deui si kancil ngageroan: “Buaya…buaya… buru kaluar… hoyong daging seger henteeeuu?” Teu lami saterusna, aya hiji buaya kaluar ti dina jero cai, “Bruaaar… saha anu gogorowok gandeng beurang-beurang kieu.. ngaganggu kuring sare bae.”Buaaaarr.. Pamingpin buaya datang “Heh kancil.. cicing maneh.. lamun henteu cicing, ku urang dahar maneh.” Ceuk buaya kadua anu kaluar babarengan.

“Wah. Alus maraneh kaluar euy, mana deui buaya anu laina?” Tembal si kancil saterusna. “Lamun maneh ngan duaan, sesa dagingna bakal moal beak, jadi buru geura kaluar kabeh.” Ceuk si kancil bari jojorowok deui.

“Aya naon kancil sabenerna ieu, hayu geura omongkeun, ”ceuk si buaya teh. “Kieu yeh buaya, hapunten lamun kuring ngaganggu sare maneh, soalna kuring rek babagi daging seger pikeun maraneh nu aya di walungan ieu, ku kituna buru geura kaluarkeun sakabeh baturan maneh jang ngabeakeun kabeh daging-daging seger ieu.”Ngadenge arek dibagikeun daging seger, teu kungsi lila, eta buaya geura-giru ngageroan babaturana ngarah kaluar kabeh. “Hey, babaturan kabeh, aya daging gratis yeuh! Hayu urang kaluar!” Ceuk pamingpin buaya mikeun komando nu tegas kanu buaya sejen.

Teu sabaraha lami, kalaluar eta buaya-buaya tina jero cai teh. “Nah, ayeuna kuring kedah ngitung tiheula aya sabaraha buaya-buaya anu hadir teh, hayu maraneh para buaya geura ngajajar hela teupi kasisi walungan palih ditu tuh, engke kuring itung hiji-hiji.” Ceuk si kancil bari rada serius ngomongna.Teu mikir panjang, si buaya-buaya eta geura-giru nyokot posisi masing-masing, buaya-buaya mulai ngajajar tepi kasisi walungan seberang, nyieun sapertos jembatan.“Oke, ayeuna kuring langsung mulai ngitung nya? ” ceuk si kancil, bari mulai ngajolan ka tonggong buaya, “Hijiii. duaaaa.. tiluuu” Sabari terus ngajolan tonggong buaya anu hiji ka buaya lainna. Dugi ahirna si kancil nepi di peuntas walungan.

Dugi di peuntas walungan, si kancil ngomong ka buaya-buaya: “Hey buaya-buaya, sabenerna teh teu aya daging seger anu rek kuring bagikeun, kan ges katempo kuring teh teu mawa nanaon.” Kuring mah ngan saukur hayang meuntas walungan hungkul weh da kuring ge lapar euy.” Ceuk si kancil teh bari seura-seuri.Sakabeh buaya anu aya didinya atuh meren keuheul kabeh kusabab ngarasa ditipu si kancil. “Haaaaaaaaahh… awas maneh kancil mun kapanggih deui.. Beak maneh..!!” Teu mikir panjang, si kanci geura lumpat ngiles asup kajero tatangkalan nuju kebon pa tani kaur ngala bonteng nu jadi kabeukina.

Pesan moral dari dongeng bahasa sunda 'Si Kancil dan Buaya' yaitu meskipun kita pintar jangan gunakan kepintaran itu untuk membohongi orang lain. Dan perbuatan tersebut tidak patut untuk ditiru.***

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh selebewnaira dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Fri, 14 Apr 23