Buatlah Teks Singkat Pengalaman kamu sendiri menggunakn Bahasa Sunda.Jangan sama

Berikut ini adalah pertanyaan dari syafira2932 pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Buatlah Teks Singkat Pengalaman kamu sendiri menggunakn Bahasa Sunda.Jangan sama dengan yg di internet/contoh.plisss kakkkk bantuuu

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Jalan-Jalan Ka Jogja

Taun kamari, kuring jalan-jalan ka Jogja. Minangka liburan sakola. Kuring indit ka Jogja bareng jeung kulawarga, aya ema, bapa, jeung lanceuk kuring. Kuring ka Jogja naek kareta. Resep pisan naek kareta teh, salain ti tereh nepi, tapi fasilitas dina kareta teh lengkep pisan, aya kamar mandina, TV, jeung kareta makan. Sapanjang jalan, pamandanganna meni alus pisan, aya sawah-sawah, kebon-kebon, jeung imah-imah penduduk. Kareta kuring nepi pasosore di Setasiun Tugu Jogja. Ti setasiun, kuring jeung kulawarga teh tuluy check-in ka salah sahiji penginapan di Jogja. Lantaran cape kuring jeung kulawarga tuluy istirahat wae.

Isukna, acara jalan-jalan dimimitian. Mimiti kuring berangkat ka Candi Prambanan. Salila di Jogja, kulawarga kuring nyewa mobil, meh jalan-jalanna bisa bebas. Di Candi Prambanan, kuring jeung kulawarga meni terkesan pisan, ningali candi anu sakita gede jeung jangkungna. Eta candi teh lega pisan, da aya sababaraha komplek. Di candi kuring jeung kulawarga popotoan, boh di candi nu gede boh di candi nu leutikna. Sanggeus wareg popotoan, kuring jeung lanceuk kuring nyewa sapedah nu pamosehna aya dua, jadi bisa naek sapedah hiji ku duaan. Resep pisan, kukurilingan k ataman-taman nua aya di sakuriling Candi Prambananan.

Ti Candi Prambanan, kuring jeung kulawarga berangkat ka Pantai Indrayanti nu aya di Gunung Kidul. Lumayan lila perjalanna, kira-kira 2 jam ti Candi Prambanan. Pas nepi di Pantai Indrayanti, kaayaan didinya rame pisan, da keur usum liburan. Di pantai, kuring garuyang jeung ngome keusik, teu kaliwat popotoan oge. Bari reureuh kuring jajan es kalapa muda, meni seger pisan, jaba angina gegelebugan.

Pasosore, kuring jeung kulawarga ti Pantai Indrayanti balik deui ka penginapan nu aya di Kota Jogja. Reureuh heula, tuluy marandi. Geus rapih, kuring tuluy berangkat ka Malioboro. Di Malioboro teh loba pisan nu daragang. Aya nu dagang baju batik, kadaharan khas Jogja, atawa pernak-pernik nu lalucu pisan. Suasana di Malioboro teh rame pisan, lantaran pinuh ku wisatawan. Aya oge hiburan-hiburan lagu-lagu. Di Malioboro juring jajan wedang ronde, tuluy balanja baju jeung bakpia keur oleh-oleh bagikeuneun ka tatangga. Geus beres jalan-jalan di Malioboro, kuring balik ka Hotel.

Isukna kuring jeung kulawarga siap-siap rek balik. Sanggeus beberes jeung mandi, kuring check-out ti penginapan. Tuluy berangkat deui ka Setasiun Tugu, naek kareta nu jam 11 beurang. Jam 5 sore kuring jeung kulawarga geus nepi di Imah. Resep pisan pangalaman jalan-jalan ka Jogja teh.

Penjelasan:

Carita pangalaman nyaeta catetan kajadian anu karandapan ku urang sorangan. Karangan pangalaman mah geus diropea tur dipapantes sangkan leuwih narik. Biasana eusi carita pangalaman nyaeta, pangalaman jalan-jalan atau liburan ka hiji tempat.

Pelajari lebih lengkap:

Pelajari lebih lengkap tentang materi carita pangalaman pada yomemimo.com/tugas/36155073danyomemimo.com/tugas/36368340

#BelajarBersamaBrainly

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh equivocactor dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Wed, 27 Apr 22