Membuat kerangka pidato sumda

Berikut ini adalah pertanyaan dari fitriawaticute2 pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Membuat kerangka pidato sumda

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Judul : “Pidato Kautamaan Nungtut Elmu”

Assalamualaikum wr. wb..

Puji sinareng syukur kahadirat gusti allah S.W.T kanggo sagala limpahan rahmat sarta hidayahna. Tina kasempatan iéu urang tiasa patepung pa’ampok jongok sasarengan dina iéu acara. Sabab, lamun teu aya nikmatna mah, urang moal tiasa patepung sareng ngadéngékeun ieu pidato nu badé ku simabdi dugikeun. Nah hadirin, anu ku simabdi dipikahormat..

Tina élmu kabagjaan dunya tiasa urang rasakeun, tina élmu ogé kabagjaan alam akhérat tiasa urang rasakeun. Sapertos tina hadis nabi anu ngabogaan harti “barang saha anu ngahoyongan kahirupan dunyana, mangka wajib bagina ngabogaan élmu”. Nah, makin loba élmu nu ku urang dipiboga insya allah kabutuhan sareng kabagjaan dunya tiasa urang hontal.

Kitu ogé sami, panghareupan urang kana kabagjaan akhirerat ogé insya allah tiasa urang rasakeun. Ku kituna para hadirin sakalian, janten nungtut élmu téh kedah diutamakeun. Komo deui pikeun siswa-siswi anu calik dibangku sakola, teu aya alesan kanggo urang males-malesan tina diajar. Sabab, diajar atawa nungtut élmu téh nyaéta hiji kawajiban pikeun urang saréréa. Rék kumaha ogé, mangsa kaharepna bangsa ieu téh aya dipundak urang salaku “generasi ngora”.

Ku kituna, urang kudu bener-bener diajar pikeun neangan ilmu nepi ka sajero-jerona. Nah, para hadirin anu kusimabdi pikahormat, sakitu waé pidato singket dina judul kautamaan nungtut élmu anu tiasa di dugikeun tina kasempatan iéu. Mugi-mugi urang sadaya tiasa terus diajar sarta ulah ngarasa males, supados urang tiasa ngarasakeun naon éta nikmatna ngabogaan élmu.

Panutup ti simabdi, mugia ulasan singket ieu tiasa ngingetkeun urang sadaya pikeun pentingna urang kana nungtut élmu téh. Haturnuhun kana sadaya waktosna, hapunten bilih aya kalepatan tina cariosan sim abdi. ( Wassalamualaikum wr. wb. )

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh sarwanto1305 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sun, 22 May 22