Biantara PamapagAssalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokaatuh! Sadaya puji sinareng sukur, urang sanggakeun ka

Berikut ini adalah pertanyaan dari halidmuhammad pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Biantara PamapagAssalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokaatuh!

Sadaya puji sinareng sukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu Murbeng Alam, Anu Maha Welas tur Maha Asih, henteu aya pilih kasih ka sugri anu kumelip di ieu bumi. Rohmat sinareng salam mugia di dugikeun ka Jungjunan urang sadayana, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, kapara sohabat na, kulawargina, sareng ka jalmi – jalmi anu tumut ka mantenna.

Langkung tipayun simkuring seja ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu parantos maparin waktos ka simkuring kanggo sasanggem dina acara ieu. Hapunten anu kasuhun upami dina ieu biantara pamapag the aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakramana.

Bapa kapala sakola miwah bapa sareng ibu guru. Kitu deui sakumna rerencangan sasakola. Dina ieu waktos urang sadayana ngempel teh nyaeta bade mieling dibabarkeunana ibu Raden Dewi Sartika. Nembe oge kusaderek pupuhu panata calagara parantos didadarkeun, naon margina di sakola urang diayakeun ieu acara. Rupina ku simkuring teu kedah dipedar deui perkawis etamah, margi katerangan anu kakuping mung bade ngadugikeun pamapag kana lumangsung na ieu acara, minangka wawakil ti sakumna siswa.

Acara-acara anu bade dilaksanakeun dina waktos ieu teh teu kinten munelna, sareng teu kinten pentingna. Nembe oge parantos di tataan kusaderek pupuhu panata calagara, ieu acara the baris direuah-reuah ku pameran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna oge sakumna siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep sewang-sewangan.

Simkuring, kalayan asmana rengrengan pengurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka rengregan panata calagara anu parantos ti hothat, ti ngawitan ngararancang dugi ka der na ngalaksanakeun ieu acara

1. Di tilik tina eusina, biantara di luhur kaasup kana wanda biantara …

a. Pamapag

b. Bejer pancen

c. Seren sumeren

d. Kanagaraan

2. Cutatan biantara diluhur mangrupa biantara anu ditepikeun ku …

a. Guru

b. Pengurus OSIS

c. Ketua panitia

d. Wawakil siswa

3. “Sadaya puji sinareng sukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu Murbeng Alam, Anu Maha Welas tur Maha Asih, henteu aya pilih kasih kasugri anu ku melik di ieu bumi”



Ungkara diluhur ngandung mamanis basa dina wangun …

a. Purwakanti

b. Babasan

c. Paribasa

d. Pakeman basa

4. Eusi teks bubuka biantara biasana mangrupa hal-hal dihandap, iwal …

a. Salam

b. Panghormat/ pangbagea

c. Sasanduk

d. Mukadimah

5. Hadirin … simkuring, langkung tipayun manga urang sasarengan munajat ka Dzat Anu Murbeng Alam. Kecap nu luyu pikeun ngalengkapan kalimah diluhur nyaeta …

a. Anu di pihormat

b. Hormateun

c. Hormataneun

d. Anu dihormat

6. Jalma nu nepikeun biantara disebut …

a. Orasi

b. Hotib

c. Orator

d. Penceramah

7. Biantara kudu ditepikeun kalawan jelas sarta susunan materi na kudu ngaguluyur. Anu dimaksud ngaguluyur didinya nyaeta …

a. Lentong na merenah sarta ngeunah kadenge na

b. Antara hiji bagian nyambung jeung bagian sejenna

c. Henteu rundag randeg jeung arapap-eureupeup

d. Henteu pondok teuing, henteu ngagayay deuih

8. Sawatara hal nu kudu di perhatikeun lamun urang nepikeun biantara nyaeta saperti ieu dihandap, iwal …

a. Eusina kudu saluyu jeung materi acara

b. Sikep kudu tenang jeung wajar

c. Teu kudu merhatikeun waktu nu disadiakeun

d. Gunakeun basa nu sopan tur merenah

9. “Mung sakitu anu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, hapunteun anu di teda, rumaos masi keneh seeur kakirang.”



Nu kaasup mamanis basa dina ungkara kalimah diluhur nyaeta …

a. Mung sakitu nu kapihatur

b. Bobo sapanon carang sapakan

c. Hapunten anu diteda!

d. Rumaos masi keneh seeur kakirang

10. “Mung sakitu anu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, hapunteun anu di teda, rumaos masi keneh seeur kakirang…”

Ungkara kalimah diluhur mangrupa bagian … dina naskah biantara

a. Bubuka

b. Eusi

c. Panutup

d. Pangbagea

11. Dina biantara, ragam basa anu digunakeunna nyaeta …

a. Basa loma

b. Basa sedeng

c. Basa hormat

d. Basa kasar




Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

c. Ketua panitia

c. Paribasa

b. Panghormat/ pangbagea

d. Anu dihormat

a. Orasi

c. Henteu rundag randeg jeung arapap-eureupeup

b. Sikep kudu tenang jeung wajar

c. Hapunten anu diteda!

c. Panutup

a. Basa loma

hope it can help you

Penjelasan:

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh reyforsholland dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Thu, 08 Jul 21