jelaskeun sajarah singkat ayana guguritaan dina sastra sunda...​

Berikut ini adalah pertanyaan dari vinipuspitasari784 pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Jelaskeun sajarah singkat ayana guguritaan dina sastra sunda...​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Guguritan asalna kecapna tina gurit. Mun seug dipapay leuwih jauh, kecap gurit téh asalna tina basa Sangsekerta grath, hartina nyusun karangan. Dina basa sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding. Ari hartina mah sarua baé nuduhkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun dangding. Cindekna nu dimaksud guguritan téh nyaéta karangan ugeran anu kauger ku patokan pupuh.

Dina kasusastraan Sunda karangan ugeran anu kauger ku patokan pupuh téh lain guguritan waé, tapi aya nu disebut wawacan. Ari nungabédakeun guguritan jeung wawacan, nya éta panjang pondokna eusi karangan. Guguritan mah paling panjang diwangun ku puluhan pada, sedengkeun wawacan mah karéréanna diwangun ku ratusan malah rébuan pada.

Gelarna dina sastra Sunda, guguritan téh mangrupa sastra sampeuran, nya éta ku ayana pangaruh tina kabudayaan Jawa.

Sabada Pajajaran runtag dina taun 1579, Pasundan kungsi diéréh ku Mataram. Kailaharan bangsa nu diéréh, sok tuturut munding kana kabiasaan bangsa nu ngéréhna, kaasup dina sual kabudayaan.

Loba pisan kabudayaan kabudayaan Jawa anu mangaruhan kana kabudayaan Sunda. Adat istiadat katatanagaraan jeung tatakrama hirup kumbuh urang Sunda harita loba anu ngeunteung ka Jawa. Ti mimiti cara nyieun surat, ngagunakeun basa, nepi ka papakéan loba anu nurutan kabiasaan urang Jawa.

Mangsa harita loba urang Sunda anu muka patalimarga ka Jawa, utamana ti golongan para ménak. Lian ti perlu pikeun nguruskeun masalah katatanagaraan, ogé réa urang Sunda anu ngadon sakarola ka Jawa. Di Jawana diantarana diajar perkara dangding. Sabada mulang deui di lingkungan masarakat Sunda

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh belasafira6918 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 31 May 22