Diudag Tsunami Ngarana Undang Haérudin. Umurna sabelas taun. Sakolana kelas

Berikut ini adalah pertanyaan dari rosmalarm01 pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Diudag Tsunami Ngarana Undang Haérudin. Umurna sabelas taun. Sakolana kelas lima SD. Ngan awakna rada leutik , pendék jeung begang. Manéhna téh urang basisisr kidul. Lemburna nampeu ka Samudra Indonesia .Geus biasa Undang ulin teu jauh ti laut. Waktu aya kajadian tsunamai, Undang keur aya di panganonan, teujauh ti basisir. Unggal poé, sanggeus balik ti sakola, manéhna mah ku bapana sok dititah ngangon sapi. Sanajan lemburna ancur, ratusan warga jadi korban, Undang mah salamet. Kumaha kajadian harita, Undang mah nyaksian pisan. Malah kungsi diwawancara ku televise sagala. Kieu cenah caritanana téh : Harita téh kira-kira tabuh lima sore. Sakeudeung deui waktuna ngandangkeun sapi. Tamba kesel, manéhna ngabandungan pola ombak. Tinggarulung titengah ka sisi . nepi ka sisi balik deui ka tengah. Kitu jeung kitu baé matak pi karesepeun. Ari ombak laut kidul, apan sohor pisan galedéna téh. Ku kituna, waktu nempo aya ombak gedé, dianggapna téh kajadian biasa. Kakara waktu laut ngajangkungan, lai baé ngarasa anéh, tapi dibarung kusieun. Ari heug teu kungsi lila kadéngé aya anu ngagorowok, “ Tsunami ! Tsunami ! Tsunami ! “ cenah. Geus kitu mah ramé ku anu tinggorowok jeung ting jarerit. Ukur memenitan, ombak geus nyéréd ka sisi lembur. Nuturkeun batur, manéhna gancang lumpat, ngajauhan basisir. Kungsi rék nyalametkeun sapi, tapi nempo cai sakitu tarikna, manéhna milih buru-buru kabur. Kabeneran kira-kira satengah kilometer ti basisir, aya pasir leutik. Nya kadinya, bareng jeung nu séjéna, Undang nyalametkeun diri. Puguh baé capéna mah. Urut lumpat tipaparétot, diudag-udag ku cai, barang tepi ka tempat nu luhur, langsung meubeukeun awakna. Gurbrag . . . tuluy ngalungsar bawaning cape. Amabekanana ngahégag. Awakna karasa leuleus. Sukuna paregel jeung pareurih. Bari diduk ngarasakeuk kacapé jeung kareuwas, rét nempo kahandap. Bréh lemburna leungit kabawa cai. Suhunan imah, bangké sastoan, tatangkalan, jeung mayit jelma ngarambang luhureun cai. Di antarana suhunan imah, sapi, jeung kulawarga manéhna. Indungna, bapana, katut adina kabéh jadi korban tsunamai.1.urang mana undang haerudin teh?
2.sabaraha taun umurna?
3.naon gawena samunglana ti sakola?
4.kungsi diwawancara ku saha manehna teh?
5.keur aya dimana waktu kejadian stunami?
6.basa Aya ombak federal, asalna mah henteu ngarasa aneh, henteu?
7.ka mana manehna lumpat?
8.naha teu tulus nyalamatkeun sapina? ari nasib kulawargana kumaha?
9.sakanyaho hidep naon ari stunami?
10.di mana deui aya musibat tsunami teh?


Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

1. Urang basisir kidul

2. Sabelas taun

3. Manehna sok dititah ku bapana ngangon sapi

4. Ku televise

5. Basisir

6. Teu ngarasa aneh kusabab dianggapna téh kajadian biasa.

7. manéhna gancang lumpat, ngajauhan basisir ka pasir leutik bareng jeung nu sejenna

8. nempo cai sakitu tarikna, manéhna milih buru-buru kabur. Jadi korban Tsunami

9. Tsunami teh ombak gedhe nu singgarulung

10. Di Aceh

semoga sedikit membantu

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh dhiwachanz dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 27 Jun 22