buat karangan Bahasa Sunda tentang 17 agustus​

Berikut ini adalah pertanyaan dari putrassddd pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Buat karangan Bahasa Sunda tentang 17 agustus​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Assalamu’aliakum wr.wb

Tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah rabbul Ghofur, ka dzat Allah anu Maha Agung.

Kusabab kalayan nikmat ti mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung di ieu tempat dina raraga mieling acara kemerdekaan RI 17 Agustus.

Sholawat sinareng salam mugia tetep dilelerkeun ka junjungan urang sadaya, nyatana Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina ka para sahabat ka para tabi'in oge tabiat, tur mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Hadirin Rahimakumullah,Dina kesempatan anu endah ieu simkuring bade ngadugikeun biantara perkawis Peranan Generasi Ngora dina Raraga Ngeusi Kamerdekaan.

Indonesia bisa merdeka teh lain pamere ti Belanda, lain oge pamere ti Jepang, Portugal atawa Inggris. Indonesia bisa merdeka ku kuat na rasa persatuan jeung kesatuan sakabeh rakyat Indonesia.Sabab lamun rek dipikiran, kabeh penjajah alat-alat perang na caranggih, taktik perang na oge jitu, eleh lamun dibandingkeun rakyat Indonesia anu ngandelkeun bambu runcing. Tapi kunaon bet Indonesia bisa ngelehkeun sakabeh penjajah?

Ukur rasa persatuan jeung kesatuan anu bisa ngabangkitkeun semangat ngalawan penjajah. Hirup di jaman penjajah mah sangsara, sare teu tibra, dahar saaya-aya. Ku alatan eta rakyat Indonesia ngahiji ngalawan penjajah ngarah menang kamerdekaan.

Ayeuna urang hirup genah tumaninah, sare tibra, dahar ngeunah, ieu teu leupas ti jasa para pahlawan baheula.

Kukituna urang boga tanggung jawab pikeun neruskeun kamerdekaan ieu sangkan ulah aya nu ngajajah deui ka nagara urang.

Carana kumaha? Teu kudu perang atau nyekeutan bambu runcing, cukup ku tanggung jawab kana diri. Lamun pelajar sing getol diajar, ulah kabita ku mabok atau narkoba sabab perkara-perkara nu kitu nu bakal ngaruksak generasi ngora teh.

Pikeun generasi ngora nu bakal mimpin ieu negri, ti ayeuna persiapkeun diri aranjeun ku cara rajin diajar jeung ngaji elmu agama. Ulah kabawa ku pergaulan jaman ayeuna nu matak ngaruksak.

Siar pangalaman salain sakola, di ajar bisnis, latihan keterampilan anu pas jeung minat. Ulah loba teuing ulin di sosial media anu bisa mohokeun kana waktu ibadah, Gunakeun sosial media pikeun hal anu manfaat.

Panginten sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten tina samudaya kalepatan.

Wassalamu’alaikum wr. wb.

Penjelasan:

Jenis Karangan Tersebut adalah Pidato, Jadikan Jawaban Yg Terbaik Ya,SMOGA Membantu.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh davilatupono880 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 08 Nov 22