pilihan kecap dari kasih mawar bodas​

Berikut ini adalah pertanyaan dari icici9447 pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Pilihan kecap dari kasih mawar bodas​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Dina seni Sunda, aya sawatara rupa lagu, diantarana nyaeta kawih, kakawihan, jeung tembang. Naon bedana kawih, kakawihan, jeung tembang ?. Nanon sababna lagu Sunda Mawar Bodas disebutna kawih Mawar Bodas ?. Kunaon lagu Mawar Bodas henteu disebut kakawihan Mawar Bodas atawa tembang Mawar Bodas ?.

Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Kakawihan oge sarua jeung kawih, nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, bedana kakawihan mah sok dinyanyikeun dina waktu keur ulin atawa keur digawe. Sedengkeun tembang nyaeta lalaguan Sunda anu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.

Sanajan kawih teh teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, kawih tetep mangrupakeun hiji karya sastra wangun puisi anu ngabogaan sawatara unsur. Unsur-unsur nu aya dina kawih nyaeta unsur tema atawa jejer, rasa, nada, jeung amanat. Unsur amanat hiji kawih nyaeta mangrupakeun pasualan atawa perkara anu hayang ditepikeun ku anu ngahaleuangkeun atawa anu ngarang kawih ka anu ngaregepkeun atawa anu maca kawih.

Eusi nu aya dina Kawih Mawar Bodas nyaeta nyaritakeun saurang lalaki anu ngajugjug ka hiji lembur. Sanajan kudu ngaliwatan jalan satapak jeung hujan dor dar gelap, tapi kacape jeung awak baseuh rancucut teh teu dirasa sabab eta lalaki teh sumanget aya nu rek dituju nyaeta rek manggihan pikabogoheun. Tapi teu disangka-sangka, anu jadi pikabogoheun teh geus aya nu boga. Kacida kuciwana eta lalaki teh, rek balik oge jadi hoream. Tapi sanajan kitu eta lalaki teh embung katutuluyan mikiran anu bakal pipanyakiteun. Anu jadi amanat tina kawih Mawar Bodas teh yen umpama manggih anu pikasediheun jeung rasa kuciwa, ulah nepika jadi katutuluyan.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh mdah2067 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sat, 04 Feb 23