buatlah teks tentang perpisahan sekolah bahasa sunda!​

Berikut ini adalah pertanyaan dari naumi82 pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Buatlah teks tentang perpisahan sekolah bahasa sunda!​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Bismilaahirrohmanirrohiim,

Assalaamualaikum wr. wb.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun hatur

nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan

waktos kanggo sasanggem dina ieu acara.

Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara

aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana

boh tata kramana.

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru,

katut para sepuh nu hadir di ieu tempat,

Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu

dipikacinta,

Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas

genep/salapan/dua belas, tipayun mangga urang

sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka

Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan taufik sareng

hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya

dina séhat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan

urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.

Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun

ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.,

ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka

urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng

mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat

anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola

sadaya anu dipikacinta,

Sim kuring atas nami wakil murid kelas

genep/salapan/dua belas, seja ngadugikeun

katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung.

Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk

waktu ninggang mangsa, teu karaos sim kuring

saparakanca diatik dididik sagalaning elmu

pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa

miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén

salami tilu taun tos tinangtos seueur ngalakukeun

hal-hal anu matak musingkeun sareng

pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring

saparakanca seja neda sih hapuntenna tina

samudayaning kalepatan.

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua

ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar

ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi

sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola, mugi

sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk

bapa sareng ibu guru. Kitu ogé ka almamater urang

sadaya, mugia sakola ieu sing langkung nanjeur ku

préstasi-préstasina katut pangeusina diharepkeun

sing tiasa ngajagi ngaran ieu sakola.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu

dipikacinta.

Sakitu biantara ti sim kuring, mung sakitu anu

kasuhun. Ieu biantara bade dipungkas waé ku

sisindiran:

Saninten buah saninten

dipilih di parapatan

Hapunten abdi hapunten

bilih seueur kalepatan

Wabillahi taufik walhidayah

Wassalaamu'alaikum wr. wb.

semoga membantu :)

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh Gadis090606 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Fri, 02 Jul 21