Rumpaka kawih karatagan pahlawan ngebrehkeun pahlawan anu berjoang​

Berikut ini adalah pertanyaan dari pradisadisa2 pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Rumpaka kawih karatagan pahlawan ngebrehkeun pahlawan anu berjoang​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:Dina kawih Karatagan Pahlawan, pahlawan teh berjuang keur lemah cai. Lagu Sunda Karatagan Pahlawan kaasup kana lagu Sunda rupa kawih. Dina seni Sunda aya sawatara rupa lagu, nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan mangrupakeun karya sastra wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket atawa kauger ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan.

Kawih bisa disebut wangun puisi anu teu kaiket guru lagu jeung guru wilangan. Sanajan kawih henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, pikeun nilik atawa nganalisa eusi kawih, bisa digunakeun unsur-unsur anu aya dina kawih. Unsur-unsur anu aya dina kawih nyaeta jejer atawa tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat. Ku ayana unsur-unsur anu aya dina kawih, bisa ditilik naon temana, kumaha nada jeung suasanana, kumaha rasa kawihna, sarta naon amant atawa eusi nu aya dina kawih.

Umpama nilik kana eusi atawa rumpaka kawih Karatagan Pahlawan, kekecapan anu aya jelas. Dina eta kawih disebutkeun yen "pahlawan teh berjuang keur lemah cai". Umpama nilik kana temana oge, bisa kaciri yen tema tina kawih Karatagan Pahlawan teh nyaeta ngeunaan pahlawan. Kadang-kadang dina hiji kawih aya kawih anu rumpakana mangrupa cangkang jeung eusi, saperti dina sisindiran.

Dina kawih Karatagan Pahlawan, sakabeh rumpakana mangrupa eusi. Conto kawih anu miboga rumpakana anu mangrupa cangkang jeung eusi nyaeta saperti kawih Es Lilin. Dina kawih Es Lilin, sanajan rumpakana mangrupa kekecapan ngeunaan kadaharan, nyaeta es lilin, tapi tema tina kawih Es Lilin lain ngeunaan kadaharan, tapi ngeunaan asmara atawa cinta. Kekecapan kadaharan anu aya dina kawih Es Lilin ngan saukur cangkang tina eta kawih.

Penjelasan:Jadikan jawaban terbaik...:)

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh JackllynAnimalLovers dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Wed, 02 Jun 21