Contoh Sajak bahasa sunda

Berikut ini adalah pertanyaan dari ajengggggggg pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Contoh Sajak bahasa sunda

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.


(1) BUDAK PAHATU LALIS
Dua budak pahatu lalisadi lanceuk awéwé lalakikasarung di leuweung ganggongadina ceurik ngalengismana jalan geusan balik.
Budak lalaki ngala kupaleungeunna parigel metikbuah kupa dialungkeundipulungan ku adina.
Tina rungkun buni kacidaluar-léor oray sancagep ngegél awak adinanu keur anteng murak kupa.
Jrut turun budak lalakiana rét ka sakurilingSi Nyai ka mana geuningreuwas kacida teuing.
Manuk Cukrik disada semu nalangsa“Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih”pucuk eurih bakal matihSi Nyai bakal kapanggih.
Geberan ku hihid ainghihid aing kabuyutanmawa bayu kahuripan.
“Geber-geber hihid ainghihid aing kabuyutantitinggal nini awaking”.
Usik ngulisik raga tangtunganparipurna hirup warasku saktina rasa asih.

(2) BUDAK SAKTI
Budak leutik bisa ngapungjangjangna kulit salapishiberna di langit peutingludeung ngambah jomantaradisadana tingkoréakkaresepna bubuahannu amis semu kareueut
Budak leutik bisa ngapungbudak nu kacida saktinu kitu naon ngarana?

(3) NINI ANTÉH
Di langit bulan nembongancahayana hurung ngempurngadamaran alam dunya.
Di bulan Nini keur antengngentrung ninun kaén poléngawak Nini mani bongkokbalas terus baé ninunmeureun geus rebuan taun.
Di bulan Nini bumetahdibaturan Candramawatbuluna nu tilu warnawatekna matak diasih.



(4) SAMAGAHA
Bulan di langit ngaleungitmeureun disumputkeun nagabumi alam poék mongkléng.
barudak récét di buruansorana patembalanSamagaha! Samagaha!
Aya kahariwangdina haté séwang-séwanganbulan sirna.
Ting berebet barudak ka pipir imahtutunggulan dina lisungrampak narakol kohkolngusir naga sina nyingkirnaga nyingkahbulan ngempurbumi alam caang deui.

(5) SAKADANG MONYÉT MALING CABÉ
Sakadang kuya jeung Sakadang monyétsuka bungah maling cabécabé beureum matak uruylada haneut kana beuteung.
Seuhah lata-lata, seuhah lata-latacabé beureum cabe ladacabé arasak kacida.
Keur jongjon datang Pa TaniSakadang monyét ngabecirsieun katéwak Pa Tani.
Kuya geuwat gancang nyumputdi tempat nu rada bunitapi katénjoeun mantén.
Pa Tani bungah kacidadaging kuya rek diolahlumayan keur deungeun sangu.

Sakadang kuya katéwakdipangku dibawa balikdikurung tukangeun imah.
Ngalongok Sakadang monyétsuka bungah ngahiliancenah bakal dikawinkeunka anakna Bapa Tani.
Isukna datang Pa Tanisuka bungah muru kandangnyorén bedog meunang ngasah.
Pa Tani ambek kacidanu aya di jero kurungbangké Sakadang monyét.
Monyét morongkol dicekeldibalangkeun ka nu balamonyét cengkat ngaréngkénékngabecir lumpatna tarik.




Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh sascia234 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Wed, 16 Dec 15