Biantara Mingpin Rapat Assalamu'alaikum Warrahmatullahi Wabaarokaatuh. Bapa Pembina OSIS anu

Berikut ini adalah pertanyaan dari ycddhvdvvvddbdb pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Biantara Mingpin RapatAssalamu'alaikum Warrahmatullahi Wabaarokaatuh. Bapa Pembina OSIS anu ku sim kuring dipihormat, Bapa/Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat, Saderek sadaya réngréngan pangurus OSIS anu ku sim kuring dipikacinta. Langkung ti payun mangga urang sasarengan ngedalkeun puji sukur ka Allah Swt. réhna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat kalayan séhat walafiat. Solawat sinareng salam, mugi ngocor salalamina ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw. Hadirin anu sami linggih, Salajengna sim kuring seja ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ku kasumpingan sadérék sadaya kana rapat OSIS dinten ieu. Peryogi kauninga ku sadayana, pangna urang ngariung téh nyaéta badé ngabadantenkeun perkawis rarancang kagiatan dina raraga miéling tepung taun kemerdekaan Indonésia. Sok sanaos ari kana derna acara puncak mah masih kénéh lami, nanging ari tatahar mah kedah ti ayeuna kénéh. Hadirin anu sami linggih. Acara miéling tepung taun kamerdekaan nagara urang téh saleresna parantos janten agenda rutin di sakola urang. Unggal taun tangtos baé diayakeun rupi-rupi kagiatan kanggo ngareuah-reuah atanapi ngaramékeunana. Sapertos taun pengker, urang ngayakeun balap karung, balap bakiak, neda kurupuk, ngagebug cai, nyandak kaléci dina séndok nu digégél, dugi ka olahraga nu kalebet daria sapertos putsal sareng maén poli ogé diayakeun. Sanaos teu dipaparin hadiah ogé geuning pamilon atanapi peserta mah sakitu seueurna. Méh waé teu kalombakeun sadayana, da kasengker ku waktos téa. Ku kituna, dina ieu kempelan hayu urang badantenkeun sing asak, kagiatan naon baé nu bakal dilaksanakeun dina miéling kamerdekaan taun ieu. Naha badé olagraga wungkul atanapi ditambihan ku kasenian ongkoh. Upamina, dina olahraga, méh resep kumaha upami guru-guru diajak ngiring janten pamilon, diabenkeun sareng siswa. Jigana bakal nambihan ramé. Atuh bilih badé aya kasenian, tiasa waé dina panungtungna dipungkas ku jaipongan, dance, atanapi karaoké lagu Sunda. Panginten bakal resep, saparantosna capé ngiringan lomba, dihibur ku kasenian. Tapi éta mah sakadar ideu, panginten nu pastina mah kin urang badantenkeun langkung paos, méh sadayana sapuk sarta mupakat. Hadirin anu sami linggih. Rupina cekap sakieu baé pamapag ti sim kuring, hapunten bilih aya basa nu kirang merenah kadanguna. Billahi taufik walhidayah, wasalamu'alaikum warrahmatullahi wabarrakatuh.



BANTU JAWAB YAA MAU DI KUMPULIN BESOK SOALNYA


Biantara Mingpin Rapat Assalamu'alaikum Warrahmatullahi Wabaarokaatuh. Bapa Pembina OSIS anu ku sim kuring dipihormat, Bapa/Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat, Saderek sadaya réngréngan pangurus OSIS anu ku sim kuring dipikacinta. Langkung ti payun mangga urang sasarengan ngedalkeun puji sukur ka Allah Swt. réhna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat kalayan séhat walafiat. Solawat sinareng salam, mugi ngocor salalamina ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw. Hadirin anu sami linggih, Salajengna sim kuring seja ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ku kasumpingan sadérék sadaya kana rapat OSIS dinten ieu. Peryogi kauninga ku sadayana, pangna urang ngariung téh nyaéta badé ngabadantenkeun perkawis rarancang kagiatan dina raraga miéling tepung taun kemerdekaan Indonésia. Sok sanaos ari kana derna acara puncak mah masih kénéh lami, nanging ari tatahar mah kedah ti ayeuna kénéh. Hadirin anu sami linggih. Acara miéling tepung taun kamerdekaan nagara urang téh saleresna parantos janten agenda rutin di sakola urang. Unggal taun tangtos baé diayakeun rupi-rupi kagiatan kanggo ngareuah-reuah atanapi ngaramékeunana. Sapertos taun pengker, urang ngayakeun balap karung, balap bakiak, neda kurupuk, ngagebug cai, nyandak kaléci dina séndok nu digégél, dugi ka olahraga nu kalebet daria sapertos putsal sareng maén poli ogé diayakeun. Sanaos teu dipaparin hadiah ogé geuning pamilon atanapi peserta mah sakitu seueurna. Méh waé teu kalombakeun sadayana, da kasengker ku waktos téa. Ku kituna, dina ieu kempelan hayu urang badantenkeun sing asak, kagiatan naon baé nu bakal dilaksanakeun dina miéling kamerdekaan taun ieu. Naha badé olagraga wungkul atanapi ditambihan ku kasenian ongkoh. Upamina, dina olahraga, méh resep kumaha upami guru-guru diajak ngiring janten pamilon, diabenkeun sareng siswa. Jigana bakal nambihan ramé. Atuh bilih badé aya kasenian, tiasa waé dina panungtungna dipungkas ku jaipongan, dance, atanapi karaoké lagu Sunda. Panginten bakal resep, saparantosna capé ngiringan lomba, dihibur ku kasenian. Tapi éta mah sakadar ideu, panginten nu pastina mah kin urang badantenkeun langkung paos, méh sadayana sapuk sarta mupakat. Hadirin anu sami linggih. Rupina cekap sakieu baé pamapag ti sim kuring, hapunten bilih aya basa nu kirang merenah kadanguna. Billahi taufik walhidayah, wasalamu'alaikum warrahmatullahi wabarrakatuh.BANTU JAWAB YAA MAU DI KUMPULIN BESOK SOALNYA​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

soal apa itu bahasa mana kok ada begitu nya gua kagak reti

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh jendraifan8 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sun, 06 Nov 22