Berikut ini adalah pertanyaan dari Nauraaja15 pada mata pelajaran Bahasa lain untuk jenjang Sekolah Dasar
Hi ka, boleh minta tolong sedikit ini tentang tugas B sunda aku? makasih dan maaf kalo ngerepotin, soalnya bacaannya lumayan banyak hehebacaan: Kacaturkeun aya tukang suling. Ngora kénéh. Sora sulingna mutuh matak dédéngéeun. Ari karesepna ngumbara, nguriling ka lembur-lembur. Di unggal tempat nu didatangan, manéhna sok mintonkeun kamonésan niup suling. Hiji mangsa manéhna kasoréan di jalan. Nyampak di dinya aya imah patani. Ki Patani bageur pisan, ngahiap tukang suling ngarereb di imahna. Peutingna, tukang suling ngahibur Ki Patani ku sulingna. Aya ku genah éta sora suling, nepi ka Ki Patani sugemaeun pisan. Bari ngadaweung dina jandéla, patani neuteup jauh ka kastil kuno, nu tinggal ruruntukna siga jauh panineungan.
Tukang suling panasaraneun pisan, "Kastil saha éta téh?"
pokna. Ki Patani tuluy ngadongéng. Baheula di dinya hirup nu beunghar, tapi kacida meditna. Nepi ka maotna teu boga ahli waris. Tapi hartana
teu kungsi kapanggih.
Ngadéngé kitu tukang suling katajieun. Manéhna bébéja hayang asup ka jero kastil. Tangtu baé ku Ki Patani dicarék, bisi kumaha onam. Kahariwang Ki Patani téh teu diwaro. Tukang suling keukeuh asup ka jero kastil.
Bréh di jero kastil téh aya pakarangan nu lega pisan. Di sakuriling na ukur panto jeung panto baé. Rekét, panto nu kahiji dibuka. Gék tukang suling diuk dina bangku hareupeun méja kuno, dicaangan ku damar nu digantungkeun. Ti dinya, manéhna niup sulingna, bari taya pisan kasieun. Lila-lila beuteungna karasa kukurubukan. Kakara inget, tadi téh teu dahar heula di imah Ki Patani.
Manéhna tuluy turun ka kamar handap. Di dinya nyampak aya kacang samangkok, cai dina katél, wadah uyah, jeung botol cai. Gur ngahurungkeun hawu, tuluy ngangeun kacang. Sabot nungguan angeun asak, manéhna nyuling deui.
Sanggeus angeun asak tuluy dahar. Rekét..., panto ujug-ujug muka ku sorangan. Teu lila, jolad-jolad dua jalma jangkung hideung mawa tambela (peti mati). Cag diécagkeun hareupeun tukang suling. Léos deui bari jempling siga tadi. Tukang suling geuwat nangtung, sarta gasik muka tambela.
Bréh, di jero tambela aya jalma jangkung leutik. Buuk jeung janggotna barodas. Ku tukang suling dicengkatkeun, euweuh kasieun pisan, sarta didiukkeun dina bangku. Barang Si Janggot Bodas awakna kahaneutan ku hawu, kulisik hirup deui. Tukang suling sibuk ngalayanan, disina dahar angeun kacang, nepi ka Si Janggot Bodas jagjag pisan. "Hayu milu," ceuk Si Janggot Bodas ka tukang suling, sanggeus dalahar. Tukang suling nuturkeun Si Janggot Bodas, muru kamar anu poék. Barang bray dicaangan, di jero kamar ngagunduk emas képéngan. Si Janggot Bodas nyarita, "Pék bagi dua éta képéng emas, sing rata. Lamun aya nu nyésa, manéh bakal dipaéhan ku déwék!" cenah, sorana matak cengkat bulu punduk.
Tukang suling nyéh imut. Dekul ngabagi duit emas rata jadi dua bagian. Nepi ka ahirna, bet nyésa saképéng. Si Janggot Bodas mencrong seukeut. Tukang suling ngaluarkeun péso nu nyelap dina cangkéng. Péso diteueulkeun kana képéng emas. Habek ditinggang ku palu, nepi ka képéng kabagi dua.
Nyéh Si Janggot Bodas imut. "Budak pinter! Mangtaun-taun déwék ukur bisa nempo harta nu ngaleuya, ladang tina sarakah jeung pedit. Hayang pisan déwék panggih jeung jalma anu boga kawani siga manéh, ngabagi íeu harta jadi dua. Ayeuna, pék éta harta sawaréh keur manéh, sawaréh deui bagikeuneun keur nu miskin!" Les, Si Janggot Bodas ngaleungit, taya tapak-tapakna. Tukang suling tuluy ngagémbol dua bungkus duit emas. Gék deui dina bangku, sarta sapeupeuting niup sulingna. Ngagalindengkeun lagu lagu nu aréndah. Rebun-rebun, Ki Patani ngadatangan kastil. Manéhna colohok baé nempo tukang suling teu kua kieu téh. Ku tukang suling didongéngkeun, naon nu kajadian tadi peuting. Harta karun téa, sakumaha amanat Si Janggot Bodas, sawaréh dibagikeun ka nu miskin. Tukang suling tuluy ngabangun kastil anyar teu jauh ti dinya, keur imahna. Hirupna beurat beunghar ku rajakaya.
pertanyaan:
1. Ku naon tukang suling ngarereb di imah Ki Patani? 2. Naon sababna tukang suling hayang asup ka kastil kuno?
3. Ku naon Si Janggot Bodas bisa jagjag deui?
4. Naon sababna Si Janggot Bodas muji ka tukang suling?
5. Pangajaran naon nu bisa kapetik ku urang tina dongéng tadi?

Jawaban dan Penjelasan
Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.
が日さばはさすん出さやんがぶ
Penjelasan:
まアプリ かl尾部なら
Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh MAlfathZain dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.
Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact
Last Update: Thu, 09 Jun 22