Sebutkeun bedana rarakitan Jeung wawangsalan​

Berikut ini adalah pertanyaan dari zonoz092 pada mata pelajaran B. perancis untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Sebutkeun bedana rarakitan Jeung wawangsalan​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Bedana nyaeta ari dina rarakitan mah dina spadana teh 4 padalisan, ari dina wawangsalan mah kur 2 padalisan.

───────────────────

Pembahasan:

Sisindiran nyaeta karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Bedana wawangsalan jeung wangun sisindiran sejenna nyaeta utamana dina jumlah padalisan dina unggal padana.

Umpama ditilik tina eusina, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina piwuruk, silihasih, jeung sesebred atawa humor. Dina sagunduk atawa sapada rarakitan jeung paparikan aya opat baris atawa padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sisindiran aya anu disebut bagean cangkan jeung bagean eusi. Dinas unggal padalisan rarakitan, paparikan jeung wawangsalan aya dalapan engang atawa suku kata. Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupakeung cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun cangkang jeung padalisan kadua mangrupakeun eusi.

Dina rarakitan jeung paparikan, tungtung engang padalisan kahiji murwakanti jeung tungtung engang padalisan katilu, tungtung engang padalisan kadua murwakanti tungtung engang padalisan kaopat. Murwakanti asal kecapna tina purwakanti, purwakanti nyaeta padeukeutna sora engang. Sedengkeun dina wawangsalan henteu aya purwakanti antara padalisan kahiji jeung kadua anu kaciri sacara langsung saperti dina rarakitan jeung paparikan. Hubungan purwakanti antara padalisan kahiji jeung padalisan aya dina wangsalna. Harti kekecapan anu aya dina padalisan kahiji murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina padalisan kadua.

───────────────────

Pelajari Lebih Lanjut:

───────────────────

Detail Jawaban:

  • Mapel: B. Sunda
  • Kelas: 8
  • Bab: Bab 3 - Sisindiran
  • Kode: 8.13.3
  • Kata kunci: wawangsalan, rarakitan

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh JalmiAya dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 08 Feb 22