contoh karangan non ilmiah bahasa sundaa​

Berikut ini adalah pertanyaan dari zaskiamarsya159 pada mata pelajaran Ujian Nasional untuk jenjang Sekolah Dasar

Contoh karangan non ilmiah bahasa sundaa​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Diajar Daring

Pamaréntah geus nyiapkeun program diajar daring (dalam jaringan) pikeun siswa supaya bisa diajar jarak jauh salila aya wabah covid-19. Keur ngadukung éta program supaya bisa lancar, pamaréntah méré bantuan mangrupa kuota internét keur guru jeung siswa.

Program éta téh kawilang cara anu paling aman pikeun barudak supaya teu katépaan virus. Sakumaha nu geus pada kanyahoan, yén covid téh tépana ngaliwatan droplét. Tah ku cara diajar daring mah virus téh moal pati nerekab sabab tangtuna ogé moal tépa ku ngaliwatan jaringan internét.

Sajaba ti aya dampak positipna, diajar daring téh loba kénéh kakurangannana. Di antarana baé loba kénéh lembur nu can katepi ku sinyal internét, contona di lembur kuring. Lamun hayang muka WA téh kudu ngadon ka kebon atawa indit ka sisi jalan gedé.

Jeung deui ti éta, teu kabéh barudak baroga HP. Antukna keur nu cicing di pilemburan nu can katepi ku sinyal internét mah diajar daring téh can bisa jadi solusi. Ku hésé sinyal mah tong boro nu teu bogaeun hp, dalah nu boga hp ogé nitih teu bisa dipaké internétan. Kuota paméré ti pamaréntah ogé nungtungna mah sasat dipiceun. Lain harti dipiceun kartuna tapi teu kungsi kamangpaatkeun.

Keur ngungkulan pasualan éta, ceuk pamikiran kuring mah tangtuna ogé tower-tower kudu ditambahan supaya sinyal bisa nepi ka unggal lembur. Sahenteuna ari geus aya sinyal mah, anu can boga hp bisa nginjeum hp ka kolotna atawa milu diajar ka batur salemburna. Lain keur ayeuna waé sabot usum covid,

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh cindrylombu dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 07 Mar 23