contoh biantara paturai tineung singkat​

Berikut ini adalah pertanyaan dari raisya0943 pada mata pelajaran B. Indonesia untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Contoh biantara paturai tineung singkat

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, bapa/ibu guru, sareng kepala sekolah. Abdi nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas 7 A

Teu hilaf abdi oge ngawakilan rerencangan pikeun ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Asa kamari keneh abdi lebet ka sakola ieu. Ayeuna tos kedah paturay tineung deui. Simkuring sareng rerencangan bade neraskeun sakola ka nu langkung luhur, ngahontal cita-cita.

Seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di ieu sakola, simkuring neangan elmu. Elmu pangaweruh anu didugikeun ku Ibu sareng Bapa Guru mugia aya mangpaatna hususna kanggo abdi, umumna kanggo sadayana rerencangan.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh balikung03 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Wed, 14 Jul 21