pek caritakeun deui carita sasakala gunung geulis ku basa hidep

Berikut ini adalah pertanyaan dari mfadhliajawe pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Pek caritakeun deui carita sasakala gunung geulis ku basa hidep nyalira​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Kacaritakeun jaman baheula aya salaki pamajikan nu geus lila ngawangun rumah tangga, tapi tacan diparengkeun boga anak. Salakina kacida pisan hayangeun boga anak. Manèhna getèn neneda ka Nu Kawasa sangkan gancang diparengkeun boga anak.

Kocapkeun dina hiji peuting, salakina tèh meunang wangsit, yèn manèhna kudu ngajugjug hiji tempat nu pernahna aya di beulah wètaneun lembur nu dicicingan ku maranèhanana. Nu jadi salakina kudu ngajugjug hiji gunung kalayan kudu tapa di èta gunung. Isukna manèhna nepikeun impianana ka nu jadi pamajikanana. Pamajikanan ngajurung sangkan salakina nedunan panuduh nu datang dina impianana. Tuluy waè nu jadi salakina indit ngalalana ngajugjug hiji gunung pikeun tapa neda ka Nu Kawasa.

Sanggeus manggihan gunung nu dimaksud luyu jeung panuduh dina impian, manèhna der waè tapa salila opat puluh poè opat puluh peuting. Dina maleman peuting panganggeusan, manènha didatangan ku hiji putri anu geulis kawanti-wanti, èndah kabina-bina. Éta tèh putri anu ngageugeuh gunung nu keur ditapaan ku manèhna. Nempo putri anu kacida geulisna, manèhna lat poho kana maksud anu saèstuna. Tug manèhna nepi kadaèk ngawin èta putri. Padahal èta putri teh oray kajajadèn.

Sanggeus mangbulan-bulan salakina indit, pamajikanana mapay-mapay nèangan nu jadi salakina. Tungtungna manèhna manggihan salakina keur dibeulit ku oray anu kajida badagna. Pamajikanana kacida pisan reuwaseunana, pamajikanana ngarasa melang ka nu jadi salaki, sieun salakina dilegleg oray. Bakat ku nyaah ka salakina, pamajikanan satèkah polah nèangan akal pikeun maèhan èta oray. Brèh, kacipta piakaleunana, nyaèta ngeurad èta oray. Teu kungsi lila oray tèh beunang kaeurad. Kusabab èta oray kacida gedèna, oray tèh digusur ku kuda, dibawa turun ti luhur gunung. Sanggeus tepi ka hiji tempat, kuda tèh dicangcang dina hiji tangkal. Kiwari tempat nyangcang èta kuda tèh, katelah lembur Cikuda.

Barang kasampak èta oray rèk dipaèhan ku pamajikanana, salakina geuwat ngahalangan sangkan pamajikanana tong maèhan èta oray, sabab tetempoan salakina mah, èta oray tèh putri anu kacida geulisna. Pamajikanana kacida pisan ambekna. Kusabab keuheul, èta oray dipaèhan kaasup salakina nu geus teu inget deui ka pamajikanana.

Heuleut saminggu ti harita, bangkè oray jeung layon salakina ngiles taya raratanana. Ceuk carita mah ngajadi oray, nu tuluyna nyicingan èta gunung, nu kiwari katelah gunung geulis nu pernahna di Jatinangor Kabupaten Sumedang

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh milkaq112 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sat, 23 Apr 22