°•Bahasa Sunda•°kls 5∆ di kasih penjelasan ∆ Jangan ngasal​

Berikut ini adalah pertanyaan dari giaufa67 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

°•Bahasa Sunda•°
kls 5



∆ di kasih penjelasan
∆ Jangan ngasal​
°•Bahasa Sunda•°kls 5∆ di kasih penjelasan ∆ Jangan ngasal​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

1) Jagjag

Kalimahna: Ki Sartana mah geus kolot ogé katinggalina mah masih jagjag kénéh.

2). Jogjrog

Kalimahna: Kuda téh jogjrog kitu narik délman, bakat ku beurat.

3). Galing

Kalimahna: Katinggali da jelema nu tara kuramas téh, buuk téh mani galing kitu.

4). Bageur

Kalimahna: Resep da urang mah ka si Amir téh, budakna bageur, tara katinggali bangor atawa ngalawan ka kolotna téh.

5). Korét

Kalimahna: Teu resep da urang mah ka si Adun téh, jelemena korét, pilakadar nginjeum patlot gé teu méré.

6). Bodo

Kalimahna: Urang téh kudu getol diajar ngarah urang teu jadi jalma bodo.

7). Kedul

Kalimahna: Ari jadi jalma téh ulah kedul, kudu getol, da sagalana kahayang urang téh moal bisa kahontal lamun urangna kedul mah.

8). Getol

Kalimahna:Manigetol Jang Adin mah, dititah itu ieu daékan, teu kawas si Usép.

9). Océs

Kalimahna: Si Ibro mah teu di lembur, teu di sakolana océs waé, mindeng di carékan.

10). Lindeuk

Kalimahna: Hayam téh ari geus lila dikukut téh jadi lindeuk, teu kawas basa éta mani linghas.

Pedaran

Kecap kaayaan nyaéta kecap anu ngagambarkeun kaayaan barang atawa objék nu dicaritakeun. Kecap sipat nyaéta kecap anu nerangkeun sipat barang atawa objék nu jadi bahan cacaritaan.

Harti kecap-kecap diluhur:

  1. Jagjag, hartina séhat sarta kuat.
  2. Jogjrog, hartina leumpang satengah lumpat.
  3. Galing, hartina rada rintit buukna (mun ceuk kasarna mah jiga bulu Domba).
  4. Bageur, hartina hadé atawa alus kalakuanna.
  5. Korét, hartina pedit.
  6. Bodo, sabalikna tina pinter.
  7. Kedul, hartina sarua jeung males.
  8. Getol, hartina daékan (Bahasa Indonesia: Rajin).
  9. Océs, hartina bangor.
  10. Lindeuk, hartina babari di téwak.

Diajar Deui

Détail Jawaban:

  • Mapél:Basa Sunda
  • Kelas: 5
  • Bab: Kecap Kaayaan jeung Kecap Sipat
  • Kodeu katégori: 5.13.9

Kecap konci: kecap kaayaan, kecap sipat, jagjag, jogjrog, galing, bageur, korét, bodo, kedul, getol, océs, lindeuk

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh FajarKim dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Thu, 12 May 22