Pangajaran 5DONGENG ASAL MUASAL KAMPUNG SILUMANBaheula sakitar 1700 taun nu

Berikut ini adalah pertanyaan dari ggvin pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Pangajaran 5DONGENG ASAL MUASAL KAMPUNG SILUMAN

Baheula sakitar 1700 taun nu geus kaliwat, Mangun Jaya, saencan jadi desa, mangrupa daerah leuweung deukeut walungan Chandrabhaga di karajaan Tarumanagara kalawan Suku Majay nu jadi pangeusina.

Suku Majay nyaeta hiji kelompok penduduk anu paling dipikasieun ku sakabeh rahayat Tarumanagara. Tong boro suku bangsa lain, malahan pantar prajurit karajaan oge teu aya nu wanieun, atawa nincakkeun sukuna di tanah Mangun Jaya. Saha bae anu hasil nincak, geus pasti bakal kapanggih ngambang teu nyawaan di walungan Chandrabhaga. Ahirna Raja Tarumanagara, Purnawarman, nyebarkeun saembara kalawan hadiah nu gede pikeun saha bae anu bisa ngaruntuhkeun Mangun Jaya.

Sarombongan pemuda ti nagri Kulon nu jumlahna 11 urang ngajukeun diri pikeun milu saembara. Badan maranehna jarangkung badag kalawan matana bulao. Garede kawanina, tapi hanjakal, maranehna teu apal situasi daerah sarta lawan nu rek disanghareupanana.

Leuweung Mangun Jaya nyaeta leuweung karamat. Rahayatna hirup babarengan jeung alam. Alam nyadiakeun sakabeh kabutuhan rahayatna, kaasup kaamanan. Tiap tilu bulan sakali hiji nyawa dikorbankeun pikeun sajen eta leuweung. Tebusan nu teu mahal ku sabab pihak karajaan geus nyadiakeun sarta ngirim rahayat anu siap dikorbankeun.

Mangun Jaya ngabogaan larangan atawa aturan anu teu meunang dilanggar ku rahayat. Rahayat kudu patuh lamun teu hayang meunang akibat tina ngalanggar eta larangan. Aturan anu kudu dilakukeun ku rahayat nyaeta teu meunang dahar jagong di pertengahan bulan, lamun nyapek teu meunang nyeplak, teu meunang nincak jukut jeung ngaruksak tatangkalan, iwal meunang ijin ti roh panjaga leuweung, teu meunang miceun runtah sambarangan, sarta aturan-aturan lainna anu nepi ka ayeuna jadi rahasia karuhun.

Rombongan pamuda ti Kulon tea teu nyaho aya aturan saperti kitu. Maranehna lalawora bari seuseurian asup ka tengah leuweung. Tatangkalan diruksak, sanggeus diruksak terus diduruk. Seuneu ngalentab ka mamana sarta ahirna eta leuweung kahuruan. Raja Purnawarman manghanjakalkeun kana kalakuan eta parapamuda. Raja geus bisa mastikeun, eta kelompok pamuda pasti moal salamet.


Di tengah seuneu nu ngabebela, katingali aya hiji budak awewe nangtung bari nyepeng boneka kelenci. Opat urang pamuda ti anu sabelas tea ngudag ka arah seuneu rek nyalametkeun eta budak. Mingkin diudag ku para pamuda, rasana eta budak mingkin jauh bae, jadina maranehna papisah jeung rombonganana. Sanggeus jauh maranehna kakara sadar. Opat pamuda tea rek balik deui ka rombonganana, tapi malah kasasar. Kukurilingan neangan tempat baturna tapi tetep teu kapanggih. Awak maranehna geus lungse sarta ngarasa kacapean. Sirah lieur jeung teu paruguh titingalian. Tatangkalan katingal ngaribing, dahan-dahanna tinggarupay ngipasan awakna sarta akar-akarna karasa ngusapan sukuna. Maranehna teu sadar yen lila-lila eta akar meulit saterusna nyedot awak-awakna nepi ka ambles nembus ka jero tatangkalan. Opat pamuda paraeh di jero leuweung karna ku kabodoan jeung kasombonganana.

Ayeuna tinggal tujuh deui pamuda nu keur ngarasa bingung ku kajadian tatangkalan nu didurukna teu beak- beak. Tiap tangkal nu diduruk seuneuna teu pareum- pareum. Ditungguan lain pareum, ieu mah malah ngagedean. Saterusna maranehna neangan jalan kaluar ti eta leuweung. Tapi maranehna siga nu puputeran bae. Lamun maranehna geus leumpang jauh, datangna ka tempat asal man?hna ngaduruk tatangkalan tea. Kitu jeung kitu bae kajadianana, nepi ka teu kaitung teuing sabaraha lilana sarta kumaha nasibna. Leuweung Mangunjaya geus ngahukuman eta parapamuda ku jalan ngerem kahirupanana.

Rahayat di luar leuweung ningal haseup jeung seuneu nu ngabebela. Tapi sanggeus dipaluruh ka jero leuweung mah teu aya tanda-tanda kahuruan. Teu aya ruhak atawa lebu sesa kahuruan nu kapanggih. Nu jelas, rahayat geus mastikeun rombongan pamuda tea euweuh nu salamet sarta jasadna oge leungit. Aya oge nu nyebutkeun jasadna ngagantung dina tatangkalan, ngambang di walungan, kakubur di jero leuweung, jeung rea deui versi ngeunaan nasib parapamuda tea. Ku ayana ieu kajadian, mangka kasohor daerahna ku sebutan Kampung Siluman.

1) Iraha Waktu Kajadian Dongeng tadi ?

A) Baheula sekitar taun 1500 taun katukang
B) Baheula sekitar taun 1600 taun katukang
C) Baheula sekitar taun 1700 taun katukang
D) Baheula sekitar taun 1800 taun katukang


2) Kumaha gambaran Kampung Siluman Baheula ?

A) Pikaresepeun
B) Pikasediheun
C) Pikarunyaeun
D) Pikasieuneun​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

1.C

2.C

Penjelasan:

punteun mun salah

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh sayakesyaa dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 24 May 22