Berikut ini adalah pertanyaan dari anggavalentino4893 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama
yang tau bantu jawab yaaa:)
Jawaban dan Penjelasan
Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.
Jawaban:
SATAMPAH LEMAH
Karya: Lugiena De
Pertélaan para palaku:
KARTIWA: siswa SMA kelas 12.
AMBU KASEM: indungna Kartiwa.
BAPA DASTA: bapana Kartiwa.
BABAK I
ADEGAN KA-1.
Di patengahan, KARTIWA keur maca buku. AMBU KASEM
keur ngaputan calana saragam SMA. Ari BAPA DASTA diuk
nyarandé bari gegeber.
1. AMBU KASEM:
(Satengah ngomong sorangan.) “Iwa ... Iwa .... Na kumaha
bisa soéh kieu. Mangkaning calana hiji-hijina. Emh ....”
KARTIWA:
(Bari maca buku.) “Har ari Ema, pan ceuk uing gé labuh,
basa keur méngbal. Kumaha atuh, da lain dihaja.”
3. AMBU KASEM:
“Heueuh, na kumaha atuh calana sakola bet dipaké
méngbal sagala? Kawas bolon baé kalakuan téh.
(Ngangkat calana.) Deuleu tuh, nepi ka ngangkarawak
kieu. Éra siah makéna ogé, tapak ngaputna katingali.”
4. KARTIWA:
“Lah, keun baé. Dipaké éra teuing. Da sakola mah lain
rék pamér calana ieuh.”
5. AMBU KASEM:
(Satengah nyentak.) “Sia mah némbal-némbal baé diomonganan téh!”
6. BAPA DASTA:
“Menggeus atuh, ambuna. Ulah riweuh ku urusan
calana hiji. Meuli deui wé.”
7. KARTIWA:
“Ulah, Pa. Moal kapaké lila. Da sakolana ogé sakeudeung
deui. Geus téréh ujian.”
8. AMBU KASEM:
“Iraha kitu sia ujian téh? Kadé ulah caliweura, bisi teu
lulus!”
9. KARTIWA:
“Nya moal atuh, Ma.”
10. BAPA DASTA:
“Lamun geus lulus, sia téh rék tuluy kumaha, Iwa?”
11. KARTIWA:
“Nya meureun mantuan Abah wé di sawah. ”
12. BAPA DASTA:
“Bisi wé sia hayang kuliah. Ongkoh deuih kamari téh
ka dieu aya Pa Guru Dadang. Mani omat-omatan ka
aing, sangkan sia nuluykeun deui sakola. Ulah ukur
tamat SMA wungkul, cenah. Lebar. Da sia mah pinter.“
13. KARTIWA:
“Wuah ..., ti mana modalna, Pa. Da moal cukup ku duit
sajuta dua juta kuliah téh. Maenya wé ngajual sawah
mah.”
14. BAPA DASTA:
“Heueuh, asa moal mampuh, Iwa. Lain teu hayang.
Tapi apan sia ogé apal sorangan, urang mah teu boga
nanaon. Ukur boga sawah satalapok peucang, anu
salila ieu dipaké andelan hirup urang.”
15. KARTIWA:
“Enya, nu matak mending ulah wé. Bisi gagal di tengah
jalan. Percumah.”
16. AMBU KASEM:
“Naha sia moal kaduhung kitu, Iwa?”
17. KARTIWA:
“Naha maké kaduhung sagala?”
18. AMBU KASEM:
“Bisi wé. Pédah nempo nu séjén loba anu nuluykeun
kuliah ka Bandung.”
19. KARTIWA:
“Ah, nu séjén nya nu séjén. Urang mah nya urang, Ma.
Naha maké kudu sarua teuing.”
(KARTIWA leumpang ka hareup bari maca buku. Tuluy
bukuna ditutup. Nempo ka hareup.)
20. KARTIWA:
(Ngomong ka panonton.) “Tah kitu, pamiarsa. Ka uing téh
loba nu ngajurung-jurung, sangkan nuluykeun kuliah
ka Bandung. Da najan lain anak jalma aya ogé, uing téh
budak pinter di sakola mah. Tapi mun uing nuluykeun
sakola, duka ti mana biayana. Tah, kira-kirana, naha
uing téh mending maksakeun sakola, atawa nuluykeun
Bapa jadi patani? Sakola atawa patani? Sakola, tani?
Tani, sakola?” (Nepakan sirahna ku pulpén.)
(KARTIWA indit bari ngagerendeng, “Sakola, tani? Tani,
sakola?”)
ADEGAN KA-2
21. AMBU KASEM:
“Naha Akang teu ngarasa lebar ku si Iwa?”
22. BAPA DASTA:
“Emh, lain aing téga, Kasem. Kumaha deui, atuh.
Meureun geus nasibna kitu si Iwa téh, kudu jadi bulu
taneuh kawas urang.”
23. AMBU KASEM:
“Tapi da sidik budak téh pinter. Lebar mun ku urang
teu dijurungkeun. Si Iwa mah gedé harepan unggah
darajat. Ulah kawas urang, saumur-umur ukur
leledokan di sawah.”
24. BAPA DASTA:
“Heueuh, ngarti aing gé. Tapi kudu kumaha?”
25. AMBU KASEM:
(Ngahuleng sakedapan, tuluy nyarita semu asa-asa.)
“Kumaha lamun urang jual wé sawah téh?”
26. BAPA DASTA:
(Reuwas.) “Ngajual sawah?! Teu salah?!”
27. AMBU KASEM:
“Enya. Urang nékad wé sakalian.”
28. BAPA DASTA:
“Tuluy urang rék hirup ti mana, Kasem? Pan ukur étaétana andelan téh!”
29. AMBU KASEM:
“Urang mah bisa kénéh buburuh di sawah batur.
Meungpeung tanaga gedé kénéh. Ké mah lamun geus
ropoh, sawah sorangan ogé moal kagarap.”
30. BAPA DASTA:
(Ngahuleng sakedapan.) “Asa teu mikeun aing mah,
Kasem. Manéh ogé apan apal sorangan, hayang boga
sawah sakitu téh kacida héséna. Ladang bebelokan
ti isuk jedur nepi ka soré jedér. Komo sawah nu di
Cibodas mah. Jimat éta mah, warisan ti kolot. Basa
urang anyaran kawin, nya sawah éta pisan apan anu
dipaké bekel urang hirup téh.”
31. AMBU KASEM:
“Tuluy Akang leuwih téga nempo si Iwa hirupna
kawas urang? Guyang leutak unggal poé, kahujanan
kapanasan? Lamun ku urang dijual ogé hakékatna mah
dipaké manjangkeun hirup anak urang. (Ngahuleng
sakeudeung.) Rék sabaraha turunan urang jadi bulu
taneuh téh?”
32. BAPA DASTA:
“Kaharti, Kasem. Tapi mun si Iwa sakolana eureun di
tengah jalan, lantaran urang teu bisa terus ngabiayaan,rék kumaha? Meureun engké téh sawah ngalayang,
budak teu bener sakolana.“
33. AMBU KASEM:
“Akang mah kawas nu teu percaya lamun urang
mampuh.”
Penjelasan:
sekian hatur nuhun punteun pami panjang
Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh adea3342446 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.
Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact
Last Update: Mon, 23 May 22