contoh gaya basa rarahulan

Berikut ini adalah pertanyaan dari ridhoFajar pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Contoh gaya basa rarahulan

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Anu dimaksud gaya basa nyaeta hiji kalimah atawa rakitan basa anu dipake pikeun bisa nimbulkeun efek atawa pangaruh anu leuwih jero ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kalimah, ku jalan ngabandingkeun hiji barang ku barang lianna. Gaya basa, umpama dilarapkeun dina kalimah, bisa jadi mamanis basa.

Gaya basa biasa digunakeun dina karya sastra wangun prosa atawa puisi. Digunakeunana gaya basa dina hiji karya sastra prosa jeung puisi teh raket pisan patalina jeung suasana kajiwaan anu ngagunakeun hiji gaya basa dina nyieun karya sastra prosa atawa puisi.

Gaya basa rarahulan atawa sok disebut oge gaya basa hiperbola, nyaeta gaya basa anu digunakaeun ku jalan ngagede-gedekeun sagala rupa. Gaya basa rarahulan biasa digunakeun pikeun leuwih negeskeun atawa ngajelaskeun hiji obrolan anu ditepikeun.

Anu sabalikna tina tina gaya basa rarahulan nyaeta gaya basa anu disebut gaya basa ngasor. Dina gaya basa ngasor mah sagalarupana teh sabalikna ti gaya basa rarahulan, nyaeta dileutik-leutikkeun. Gaya basa ngasor biasa dipake pikeun ngahandapkeun diri atawa handap asor.
Di handap ieu nyaeta conto gaya basa rarahulan :

1. Sabot ngadenge salakina geus kawin deui, ceunah hate manehannana teh peurih pisan asa digerihan hinis.
2. Kubakat beungharna kacida, eta manehna mah duitna oge nepika dikarungan kitu.
3. Pikeun ngabelaan hirup kulawargana, manehna teh teges pisan digawe ti isuk nepi kapeuting ngabanting tulang.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh ilukman dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sat, 17 Jan 15