Carita Sunda maung kajajaden​

Berikut ini adalah pertanyaan dari jihansitimunawaroh15 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Carita Sunda maung kajajaden​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Cigorowong nukatelah lembur misteri atawa kasohor mistik kacatur di eta dusun aya beja ti jelma nu beunang dipercaya pak ujang arana.

Dina mangsa harita poe kemis malam jumaah pa ujang kadatangan tamu nu ngahaja ngadeuheus ka dusun cigorowong bah genta jeng sobatna mang hasan.

Cunduk kana waktu ninggang kamangsa, bah genta keketrok kana lawang imah pak ujang, sampurasun... Sampurasun... Rampes dijawab ku pamajikan pak ujang!

Krekekkkk tuluy pok bah genta tumanya

Punten bu dupi ieu leres bumina pak ujang tea? Sumuhun leres pisan upami dipercanten mah abdi pisan bojona pak ujang teh!

Wah sae atu upami ieu leres bumina pak ujang mah, bari nembongkeun beungeut anu atoh!

Yap mangga kalebet panginten, ahhh didieu weh kuring mah enakeun bareu ngareureuh kuen kacape.

Bah genta tuluy pok nyarita.

Punten bu dupi pak ujang na nyondong? Kaleresan pisan kang ujang nembe pisan mulang tileuweung, aeh aeh naha wayah kiwari can mulang? Kitu tea weh kang ujang mah sok mulang burit wae!

Punten iyeu teh saha tea nya meni asa rareuwas kieu? Upami dipercanten mah abdi teh bah genta nu ngahaja hayang panggih jeung pak ujang, tah iyeu batur kula mang hasan ngarana! Ohhh sumuhun atuh antosan sakedap bade ngawartosan kang ujang wireh ayna nyondong tamu!

Teu kungsi lila pak ujang ka luar ti jero imah, aeh geningan aya tamu nu timana tea ieu teh?

Bah genta pok ngawaler bari nyerengeh

Hehehe abdi bah genta nu datang ngahaja datang kadieu, punten bah aya pamaksudan naon nya nepika namu wayah kiwari? Kieu pak kula datang kadieu teh aya maksud wireh di lembur ieu teh aya beja sok nembongan maung kajajaden

Pak ujang ngahuleng teu gancang ngabandungan patanyaan bah genta...

Bari ngarenghap pinuh kareuwas pak ujang nyarita!

Aeh aeh naha bet apal bah ka eta beja?

Muhun kusabab abah mah pinuh kupanasaran hayang ngamprokan jirimna maung kajajden teh kawas kumaha da ceuk beja mah eta maung teh sok ngamangsa ka jelma-jelma baleungahar.

kitu tah beja nateh bah, malahan mah kula kadieu teh bareng jeung batur kula rek newak eta maung kajajaden nu keur geunjleung di unggal lembur!

Pak ujang pok nyarita!

Kieu bah riwayatnamah eta maung teh lain sembarang maung tapi maung anu sakti mandra guna geus teu bisa ditandasa ku jelema

Ahhh kula mah can waka percaya saencan kula nyanghareupan eta maung ayeuna kula kadieu teh ukur rek ngajajal sajauh mana eta kasaktian su mangkeluk maung kajajden teh pokona kula ayneuna keneh hayang di anteur ka pak ujang sangkan nuduhkeun panyumputan si maung daek nganteur kula ngandung harti pak ujang sakaluarga salamet, lamun teu nganteur keun kmula ka tempat panyumputan eta maung ngandung harti pak ujang sakaluarga dipodaran ayeuna keneh!!!

Bah genta pop[olotot ka pak ujang bari nalenkeun bedok ka beuheuh pak ujang.

Pak ujang kasieunan sabab di ancam ku bah genta jeung mang hasan rek ditandasa!

Mangsa eta keneh aya jirim nu kokolebatan di buruan imah pak ujang bari gegerem hhhhaaauummm hhaaauummm

Bah genta tuluy ngareret kasabeulah kenca sing horeng kasampak aya muang bodas keur gegerem kawas anu rek ngamangsa, panon buncelik nyorot ka bah genta bari ngagerem hhheeemmmm hey manusa ulah coba coba nangtang ka kula bisi di teureuy ku kula.

Hhhaa hhaa hhaa haaaaaa bah genta jeung mang asan seuri ngagakgak atoh semu nagtang ka maung, hey sakadang maung kula teu sieun ka mahluk model kitu kula datang kadieu jeung batur kula ngahaja rek modaran mahluk nu model sia hahahaha

Pak buktikeun manusa tandasa kula prak pegatkeun tikoro kula

Pak ujang teu eling pingsan kasieuna ku nembomgana macan kajajden!

Bah gente nyerepet keun bedogna kitu deui mang hasan, hayu hasan urang kepung iyeu mahluk hayu bah urang uyup iyeu getih macan model kieu, mang hasan ngabelesan nyabetkeun bedogna ka beuheung maung, sagilek eta maung ngelok bari nyaakarkeun kukuna ka bitis mang hasan wadawww kurang ajar siah maung

Bah genta ngablsat ti tukang nyerepetkeun bedogna ka hulu maung, ciiiiiaatttt plosss ngeplos aeh kurang ajar sia maung!

Blesat sakiceup eta maung ngagabruk ngarontok mang hasan nu keur nahan kanyeri bllleess sihung maung abus kana tikoro mang hasan, hadeuuuhhh tobatttttt

Bah genta napsu ambek nyedek ningali sobatna ditandasa ku maung! Bangkawarah teh siah maung bari metakeun ajian pamungkasna, siiiiaaaattttt crok prat pegat ceuli ngenca maung hahaha beunang sia maung ku aing moal dililakeun deui.

Semoga membantu

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh anzelirohmah dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 23 May 22