apa definisi sajak, unsur-unsur sajak, jeung kamekaran sajak?

Berikut ini adalah pertanyaan dari khansacantika pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Apa definisi sajak, unsur-unsur sajak, jeung kamekaran sajak?

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Sajak nyaeta mangrupakeun hiji karya sastra wangun puisi anu teu kaikeut ku aturan. Sajak dina wangunna henteu siga dangding anu kaikeut ku aturan pupuh, nyaeta guru lagu jeung guru wilangan. Jadi, sajak nyaeta karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.

Unsur-unsur nu aya dina sajak nyaeta tema atawa jejer, nada, rasa, jeung amanat. Anu dimaksud ku tema atawa jejer, nyaeta gagasan poko anu rek ditepikeun ku pangarang sajak ka anu maca eta sajak. Nada jeung suasana, nyaeta sikep pangarang kana eta sajakna. Rasa nyaeta hal-hal anu ngajiwaan eusi sajak. Amanat nyaeta maksud anu rek ditepikeun ku pangarang sajak.

Sajak dina sastra Sunda, mimiti ayana teh sabada Indonesia merdeka. Dina mimiti gelarna, sajak teh loba dibageakeun ku sora-sora anu kontra, ari alesanana mah sabab sajak teh ceunah lain mangrupakeun karya sastra asli Sunda, tapi karya sastra ti nagara sejenna.

Padahal sabenerna dina karya sastra Sunda oge ti baheula geus aya wangun karya sastra anu sarupa saperti sajak, nyaeta saperti kawih. Sanajan kawih teh mangrupakeun lalaguan Sunda bebas, tapi umpama ditilik tina wangun kecapna, kawih saperti sajak, nyaeta wangun puisi nu teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.

Sajak Sunda, sanajan dina mimiti gelarna loba anu kontra, tapi ari akhirna mah sajak teh bisa ditarima jadi bagian tina karya sastra Sunda nepi ka kiwari. Dina kanyataanana, sajak teh meunang tempat pikeun hirup jeung tumuwuh dina sastra Sunda. Malahan sabalikna kiwari mah, dangding anu mangrupakeun sasatra karuhun urang Sunda, beuki dieu beuki kurang anu minatna.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh ilukman dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 02 May 16