Sajak bahasa Sunda tentang lingkungan

Berikut ini adalah pertanyaan dari ranggabintang4916 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Sajak bahasa Sunda tentang lingkungan

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Sajak basa Sunda ngeunaan lingkungan

Dulur,

kuring aya carita keur anjeun

nu hirup cicing di dayeuh

kuring boga lembur

singkur sisi gunung, endah

cinyusu hamo saat salilana seger tur ngagulidag

sawah hejo nemplok

disimbutan ku sinjang halimun

nalika maju ka beurang dihaneutan ku panon poe

euweuh pabrik taya jalan gede

euweuh haseup mobil taya karame

estu tiis ceuli herang panon

boa teuing nepi ka iraha, dulur

saacan palastra ieu kabeh kaendahan

digeleng ku treuk

dibabad ku pabrik

diduruk ku haseup mobil

dipaehan ku abong aing boga dunya

dulur...

hayu ulin ka lembur kuring

meungpeung ciibun baseuh keneh

siga inten dina pare

Pembahasan

Sajak di luhur kaasup sajak bebas anu wangunanana bebas teu make patokan sarupaning opat jajar siga wangunan nu make aturan klasik.

Sajak di luhur ngeunaan lingkungan nyaeta nyaritakeun babanding antara lembur nu endah keneh jeung asri can dirusak ku karusakan lingkungan siga di kota. Lembur hejo nemplok siga kitu pamohalan bakal terus kajaga mun lain urang nu nyicingan eta lembur teu ngajaga.

Sajak eta negeskeun kumaha pentingna ngajaga lingkungan urang ngarah bisa terus seger jeung kajaga salilana. Lingkungan nu endah siga kitu moal lila ayana mun ku urang teu dijaga,  bakal ancur ku kasarakahan jelema nu ngan hayang kauntungan duit hungkul bari jeung ngarusak sagala kaendahan alam.

Pelajari lebih lanjut

Sajak jeung pupuh Sunda

Detail jawaban

Kelas: 7

Mapel: Bahasa Sunda

Bab:

Kode: 7

#AyoBelajar

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh faizahmihani dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Wed, 10 Jul 19