pek tuliskeun hiji conto naskah panata acara! ​

Berikut ini adalah pertanyaan dari manzjiman50 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Pek tuliskeun hiji conto naskah panata acara! ​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Mc : BismillahirrahmanirrahimAssalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Bapa Kepala SMA ...... anu ku sim kuring dipihormatBapa Ustad Anwar anu ku sim kuring dipihormatBapa/Ibu guru kalih rẻngrẻngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,teu kakantun rẻrẻncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus

Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, Allah SWT, anu parantos ngalẻlẻrkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangẻmut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW.Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin. Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirẻh kapancẻnan salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna :

1. Bubuka

2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi

3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana

4. Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana5. Taushiyah

6. Doa/Panutup

contoh:

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan.Bismillahirrahmanirrahim.Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka Sadẻrẻk Rahmat mangga dihaturanan.MC : Hatur nuhun ka Sadẻrẻk Rahmat anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng mingpin solawat nabi.Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka Sadẻrẻk Alim mangga dihaturanan ka payun.MC : Hatur nuhun ka Sadẻrẻk Alim anu parantos ngadugikeun laporanana.Nincak kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMA ...... . Ka Pangersa Bapa ...... , waktos sinareng tempat disayogikeun.MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa ....... , anu parantos ngadugikeun pamapagna.Nincak kana acara kalima, nya ẻta taushiyah ti Bapa Ustad Anwar. Sumangga Bapa Ustad Anwar, waktos sinareng tempat disayogikeun.MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos ngadugikeun taushiyahna.Nincak kana acara nu terakhir, nya ẻta doa/panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku Bapa Ustad Anwar. Sumangga Bapa Ustad Anwar, dihaturanan kanggo mingpin doa.Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos mingpin doa, mugia doa urang sadaya di kobul ku AllaH SWT. Aamiin.Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil‘alamin. Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah wasalamualaikum wrwb

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh krisnanayuliyanti dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 07 Jun 21