pidato bahasa sunda tentang guru​

Berikut ini adalah pertanyaan dari hermancafalera pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Pidato bahasa sunda tentang guru​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bismillahirahmanirrahim assalatu assalamu'ala rosullilahi walallahu alaihi, wa’ala’alihi wasohbihi azmain ammaba’du.

Shalawat sinareng salam mugia kalimpahkeun ka jungjungan urang saréréa nyaéta nabi muhammad saw, pamingpin umat manusa, katut ka keluargina sareng sohabatna anu ngajadikeun sumber élmu jeung hikmah.

Hadirin sakantenan..

Moal aya saurang presiden lamun teu aya saurang guru, moal aya saurang dokter lamun teu aya saurang guru, sareng moal aya guru lamun teu aya saurang guru ogé.

Salajengna, kanggo janten saurang presiden urang kudu pinter, kanggo janten dokter urang kudu pinter, kanggo janten saurang guru urang kudu pinter.

Nah, kanggo janten pinter téh urang kudu sakola. Kunaon kudu sakola? Sabab didinnya aya saurang guru anu siap kanggo ngadidik urang, siap keur nganterkeun urang ngudag kana cita-cita.

Sadérék sakantenan anu ku simkuring di pikahormat! Élmu nyaéta cahyana dina kahirupan. Kalawan élmu, urang janten terang kumaha carana ibadah ka Alloh, kalawan élmu, urang janten terang kumaha nyambung silaturahmi ka sasama jalmi.

Saha éta anu ngajarkeun sadaya élmu téh? Nyaéta anu ngajarkeun guru-guru urang, boh guru disakola atanapi guru agama masing-masing.

Syekh Az Zarnuji pernah ngadawuh yén “Guru parantos ngadeukeutkeun hiji perkawis anu jauh, sarta tiasa muka panto anu ka tutup.”

Para hadirin sadayana..

Anu ngajarkeun hiji hurup ogé kedah ku urang hormatan, komo deui lamun anu ngajarkeun urang loba élmu? Jadi jelas, kitu penting kacidana éta sosok guru téh dina kahirupan urang.

Réréncangan sadaya anu ku simkuring dipikahormat..

Guru parantos ngababarkeun seueur pahlawan hebat di bumi ieu. Mangka atos sakuduna urang nganjenan jasa guru-guru urang anu parantos masihan urang seueur élmu ku pangaweruhna, ngadidik urang ka arah kasaéan. Jadi, kanggo simkuring mah “Guru téh nya éta pahlawan.”

Rupiah cekap sakieu wae ti sim kuring. Haturnuhun kana sagala perhatosan-nana, simkuring neda di hapunten tina sagala rupi kakirangana, boh dina cariosana boh dina materi anu ku simkuring dugikeun ieu.

Billahi taufik walhidayah Wassalamualaikum wr. wb.

- Semoga bermanfaat^^

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh dedediana537 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 31 Oct 22