dialog drama bahasa Sunda 7 orang​

Berikut ini adalah pertanyaan dari dt17125 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Dialog drama bahasa Sunda 7 orang​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Contoh Drama Bahasa Sunda Untuk 7 orang

Penjelasan:

Aya hiji jalma nu kaitung bageur nu namina julfa amruloh, hiji poe jalma eta papanggih jeung babaturan lila nu kaitung baong

Julfa : eh lur kamana wae? Meni tara panggih, dimana ayeuna the?

Dede : aya weh di kobong

Julfa : eh sing baleg atu lur ditanya the kamana wae

Dede : nya atuh ayeuna mah baleg, urng mah ayeuna teh keur ngakos di gegerkalong

Julfa : iraha atuh ngajak urang ka kosan maneh?

Dede : hayu ayeuna oge

Julfa : hayu atuh

Pas Julfa jeung Dede rek ka kosan di jalan papanggih jeung barudak Dede

Dede : keur naraon naraon maneh

Fahri : biasa nongkrong

Aldi : rek kamana maneh?

Dede : rek balik ka kosan

Away : ah teu ngajak-ngajak

Dede : hayu atuh

Aldi : hayu natuh di dieu oge bosen

Pas nepi di kosan Dede, julfa olohok sabab di kosan Dede loba cangkang roko, botol inuman keras, jeung cangkang su”uk

Away : tah euy aya roko ngan saeutik deui lumayan jeung ayeuna mah cukup

Aldi : tah kieu.., lain tatadi

Fahri : sok jul rek udud tong era-era anggap weh geus wawuh lila

Julfa : ah moal da abdi mah tara

Aldi : piraku geus sageude badag tara ngaroko, urang ge nuleutik sok

ngaroko

Julfa : ah sok weh moal

Kusabab geus sore julfa can bebeja ka bapana julfa balik kaimah, bisi bapana hariwangeun

Julfa :Assalamualaikum

Candra : waalaikum’ssalam, timana wae a?

Julfa : ti bumi rerencangan

Engkus : timana wae maneh karek balik wayah kieu?

Julfa :ti kosan rerencangan pa

Engkus :tong di biasakeun balik sore-sore teuing

Julfa : nya geus gera mandi terus sholat

Enjingna julfa sareng candra angkat ngaos ka teun ustad ihsan

Candra : assalamualaikum

Ihsan : wa’alaikmssalam, mangga lebet, sok ayeuna hanca sabarahaeun

Julfa : al_ikhlas seun pa

Ihsan : sok baca

Julfa_candra: (maca qur”an)

Sa tos ngaji julfa jeung candra langsung uih ka bumi, di jalan julfa papangging jeung aldi babaturan dede

Aldi : geus timana zul

Julfa : tos ngaji

Aldi : hari gini ngaji, geus teu zaman

Candra : a saha eta? (ngahareos)

Julfa : rerencanmgan aa

Candra : oh…..

Aldi : naha bet hahareosan kitu?

Julfa : heunteu ah..

Aldi : hayu atuh urang ka kosan dede

Julfa : nya, engke abdi nyusul kaitu

Aldi : nya atuh nyusul weh kakosan

Sanggeus nganteur keun adina ka imah, julfa buru-buru indit ka kosan dede. nepi ka kosan dede jiga biasana didinya keur ngararoko.

Julfa : assalamualaikum

Away : eh.. geus dating sok kajero

Aldi : jul mawa duit teu

Julfa : mawa, jang naon duit?

Aldi : jang meuli dahareun

Julfa : oh.. nya iyeu atuh

Away : jig atuh rig era meuli, yeuh duitna geus aya

Fahri : huuh atuh mana

Fahri buru-buru ka warung meuli roko jeung inuman keras, pa sgeus meuli fahri gancang balik deui ka kosan dede

Fahri : tah barudak geus meuli

Aldi : alah gera dibuka atuh

Dede : sabar-sabar, tah zul bagean maneh

Julfa : naon iyeu?

Fahri : cobaan weh atuh udud

Aldi : heu euh atuh dea ngeunah udud the

Julfa : cik atuh nyobaan. (batuk)!!, naon ieumah teungeunah asa haseup

Fahri : iyeu atuh nginum heula

Julfa : cai naon iyeu?

Aldi : cobaan weh tong loba ngemeng

Pas ngasaan eta cai, karek saeutik geus langsung karasa lieur. Tapi julfa terus nginum nepi ka mabok da katagihan tea. Sa geus mabok julfa balik ka imah bari teu sadar jeung ngomong na ngalantur, nepi di imah jufa keketrok

Julfa : pa..pa..

Engkus : kela sakedap

Julfa : terehan atuh maneh

Engkus : naon maneh mabok?

Julfa : henteu

Engkus : eta panon beureum, leumpang gegeleongan

Julfa : iyeu nembe nginum anggur merah (MA)

Engkus : maneh mah geus di ajar mabok, tampiling gera kuurang

Pas bapa na ngomong geblug the si julfa pingsan terus di bawa ku bapana ka kamar.

Isuk-isuk julfa sadar, julfa bingung naha manehna bet aya di kamar, padahal kamari aya di kosan dede. Julfa nanya keun ka bapana

Julfa : pa naha abdi bet aya di kamar, pan kamarai abdi aya di kosan rerencangan?

Engkus : naha maneh teu inget kamari teh maneh mabok, diajar nu kitu awas lamun sakali deui kitu tampiling kuurang

Julfa : muhun pa

Siangna julfa di piwarang bapa na meser uyah ka warung, di jalan julfa ningalian barudak si dede keur narongkrong sabari ngararoko, barudak si dede ngagoroan si julfa

Fahri : zul… zul…. Kadieu

Julfa : aya naon?

Fahri : Kalem didieu heula urang nongkrong

Julfa : ehhh urang teh di titah ku bapa urang meuli uyah ka warung

Away : ah kalem weh da moal matak paeh eweuh uyah mah

Aldi : nya sia teh ngaroko helua didieu meungpeung si dede keur loba duit

Dede : he euh yeuh rokona, yeu bengsina

julfa : kumahanya….. sok atuh mana

Dede : yeuh..

Julfa jonjon wae ngroko teu sadar bapa na neangan ka warung, pas nepi di warung bapana ningali si julfa keur ngaroko jeung barudakna

Engkus : jufa.. julfa.. kadieu sia maneh, ari maneh teu meunang diomongan. Kamari mabok ayeuna ngaroko rek jadi naon maneh, meunggeus tong balik deui kaimah sia

Julfa : apun pa..

Engkus : pokonamah maneh ulah ninjak imah bapa deui titik

Si jufa di usir tiimah ku bapana

semoga bermanfaat :))

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh andyripr5 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Wed, 02 Jun 21