jenis jenis dongeng dalam bahasa sunda

Berikut ini adalah pertanyaan dari razeka pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Jenis jenis dongeng dalam bahasa sunda

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Dongeng kaasup karya sastra wangun lancaran atawa sok disebut prosa. Dongeng teh kaasup kana prosa buhun. Conto karya sastra lianna anu kaasup prosa buhun, nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra anu kaasup prosa modern, nyaeta saperti carita pondok atawa carpon jeung novel. Di handap ieu dijentrekeun rupa-rupa dongeng anu aya jeung contona :

1. Fabel nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana ngagambarkeun budi pekerti ataw watak jelema anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang. Conto dongeng fabel nayeta saperti dongeng Kancil Maling Bonteng, Monyet jeung Kuya, Si Kancil jeung Buhaya.

2. Parabel nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana pikeun nepikeun ajaran agama, moral, atawa kabeneran ku ngagunakeun ibarat atawa perbandingan. Umpama dina fabel, dina ngaibaratkeun teh sok ngagunakeun sasatoan, tatangkalan atawa barang, dina parabel mah, ngaibaratkeunana teh ngagunakeun jalma anu dianggap mahiwal atawa beda ti batur. Carita nu aya dina parabel loba pikaseurieun, tapi ngandung atikan. Conto dongeng parabel nyaeta saperti dongeng Si Kabayan, atawa saduran ti nagara sejen saperti dongeng Abu Nawas, Si Congcorang, jeung Nasarudin.

3. Mite nyaeta rupa dongeng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu ku masarakat dianggap karamat. Carita nu aya dina mite miboga latar jaman baheula, anu ngandung tafsir ngeunaan alam semesta sarta mahluk nu aya di jerona, sarta dianggap bener-bener kajadian anu ngarang eta carita atawa ku panganutna. Contona saperti dongeng Maung Kajajaden jeung Dongeng Ngipri.

4. Sasakala atawa sok disebut oge legenda, nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana dipercaya ku penduduk satempat yen carita eta teh bener-bener kungsi aya atawa kajadian, tapi dongeng sasakala mah henteu dianggap suci atawa sakral saperti mitos atawa mite. Conto dongeng sasakala nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit jeung Sasakala Situ Patenggang.

5. Sage nyaeta rupa dongeng anu eusi caritana aya hubunganana jeung carita sajarah. Carita nu aya dina dongeng sage, biasana nyaritakeun carita saperti ngeunaan kapahlawanan, kawanian, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma. Conto dongeng sage nyaeta saperti dongeng Prabu Siliwangi jeung dongeng Dipati Ukur.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh ilukman dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 02 Feb 15