Pupuh durma dina sapadana diwangun ku

Berikut ini adalah pertanyaan dari anandamarselinputri pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Pupuh durma dina sapadana diwangun ku

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Pupuh durma dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Conto puisi Sunda anu biasa ngagunakeun aturan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit.  

Pembahasan

Pupuh durma kaasup kana pupuh nu aya dina Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh sedengkeun dina Sekar Alit ay 13 rupa pupuh. Aturan nu aya dina pupuh sok disbut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh.

Guru wilangan jeung guru lagu pupuh durma nyaeta 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i. Salian ti guru wilangan jeung guru lagu, unggal pupuh oge miboga guru gatra jeung watek anu beda-beda. Guru gatra nyaeta jumlah padalisan dina unggal sapada pupuh. Jadi, guru gatra pupuh durma nyaeta tujuh padalisan. Guru gatra jarang digunakeun sabab ku ayana guru wilangan jeung guru lagu oge geus nunjukkeun guru gatrana.

Watek nu aya dina pupuh durma nyaeta ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget. Pupuh biasa ditepikeun ku dihaleuangkeun ngagunakeun sawatara rupa tembang. Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleungkeun ku leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ngagunakeun sarupa pupuh. Guguritan biasa ngagukeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit. Wawacan biasa ngagunakeun pupuh Sekar Ageung wungkul.  

Pelajari lebih lanjut

__________

Detil Jawaban

Kelas :VIII

Mapel : Bahasa Sunda - Guguritan

Bab :3

Kode : 8.13.3

Kata Kunci : Pupuh, pupuh durma, puisi Sunda

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh ilukman dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sat, 04 Aug 18