Jawab Pake Bahasa Sunda 1.Tuliskeun opat sisindiran anu eusina silihasih?2.tuliskeun

Berikut ini adalah pertanyaan dari ImZieel pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Jawab Pake Bahasa Sunda1.Tuliskeun opat sisindiran anu eusina silihasih?
2.tuliskeun opat sisindiran anu eusina sesebred?​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

1. Dihandap ieu sisindirannana!

Sisindiran Ka Hiji

Lamun urang loba batur

Biasana moal susah

Jeung dulur teh kudu akur

Kudu silih pikanyaah

Sisindiran Ka Dua

Hate bungah nempo soto

Hayang geura-geura dahar

Hate kuring rasa sono

Hayang panggih jeung manehna

Sisindiran Ka Tilu

Sapanjang jalan Soréang

Moal weléh diaspalan

Sapanjang tacan kasorang

Moal weléh diakalan

Sisindiran Ka Opat

Hayang teuing buah hiris

Teu bisa ngasakanana

Hayang teuing ka nu geulis

Teu bisa ngakalanana

2. Dihandap ieu sisindiranana

Sisindiran Ka Hiji

Kapasar di Cipatujah

Balikna ka Cipanjang

Itu saha meni gagah

Kumis baplang meni panjang

Sisindiran Ka Dua

Rék sasapu di jalanan

Kaburu bérés ku si Até

Si Ibro hitut di jalan

Kaambueun ku Pa Érté

Sisindiran Ka Tilu

Ulah loba teuing ngimpi

Sagala aya kahayang

Nu keur nyanyi loba aksi

Padahal sorana sumbang

Sisindiran Ka Opat

Kahayang ulin ka kota

Tapi keut teu boga duit

Kahayang disebut gaya

Tapi tara pisan mandi

Pedaran

Ditilik tina eusi atawa maksud sisindiran, aya tilu rupa sisindiran, nyaéta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, silih asih jeung sésébréd. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun, dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan éngang.

Dina sisindiran aya bagéan cangkang atawa sampiran jeung aya bagéan eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, bagéan cangkang nyaéta padalisan kahij jeung kadua, bagéan eusi nyaéta padalisan katilu jeung kaopat. Sedengkeun dina wawangsalan, bagéan cangkang nyaéta padalisan kahiji, bagéan eusi nyaeta padalisan kadua.

Pelajari : yomemimo.com/tugas/4286832

#DiajarSingGetol

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh AnonymousGuyFawkes dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 25 Jan 22