"Ku Taya Pisan Cukang, Barudak Sakola Kudu Meuntas Walungan" ku: Amra Iska Puguh

Berikut ini adalah pertanyaan dari sitinurwulan93 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

"Ku Taya Pisan Cukang,Barudak Sakola Kudu Meuntas Walungan"
ku: Amra Iska

Puguh ge kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiyah (MTs) Al-Mannar kudu milu
ujian nasional (UN) bari pakean jalibreg. Eta sakola teh perenahna di Desa Mekarwangi,
Kacamatan Cibalong, Kabupaten Garut. Ana nepi ka jalibreg, lantaran sangkan bisa tepi ka
sakola teh kudu turun meuntasan Walungan Cibaluk heula. Kawantu taya pisan cukang, jeung
cai walungan keur meneran leb-leban.
Ti jam 06.30 mula, barudak teh geus kumpul di Kampung Sakambangan, Desa
Mekarwangi. Sanggeus taya nu tingaleun, bring waeh mapay galengan jeung gawir, muru ka
sisi Walungan Cibaluk. Memeh meuntas teh maruka heula sapatu jeung calana. Atuh salila di
walungan, leumpangna arati-ati pisan. Ngahaja meuntas kalayan babarengan teh, malar
salamet sararea. Mun tea mah salah saurang aya nu labuh, nu lian buru-buru nulungan.
Lebarna walungan teh lain meumeueusan, da aya kana 40-an meter. Jerona ge rata-rata
leuwih ti sameter. Dina meuntas, suku barudak nyasaran dasar walungan nu pangdeetna.
Ngan orokaya, da dasar walunga ge mangrupa babatuan nu laleueur jeung caina ngagulidag,
sakali-kalieun mah barudak ge aya bae nu tikosewad. Munawaroh (15) mah kudu ngalaman
babaseuhan ka sakola teh ti SD mula. Karuhan sapatu jeung alat tulis nu biasa dijingjing mah
mindeng pisan palid.
“Sedih puguh ge. Ti SD keneh kedah babaseuhan wae ka sakola teh, da cai walungan
teh kadang-kadang dugi ka saret patuangan. Pami waktos ujian, angkat teh kedah langkung
enjing, supados kabujeng ngagaringkeun heula anggean, sareng tiasa jejem ngawaler soal
ujian,” cek Munawaroh.
Wisnu (15) malah leuwih prihatin, da aya kamungkinan moal waka bisa balik ka
imahna. Babakuna sieun ku cai walungan nu sok ngadadak naek. Atuh manehna siap sok
sanajan kudu ngendong di sakola, sangkan bisa milu deui UN dina poean isuk. Tangtu bae
Wisnu kacida miharep sangkan pamarentah pangwangunkeun cukang nu ngahubungkeun
Desa Mekarwangi jeung Sagara.
Ari pamarentah tingkat desa mah geus narekahan, pikeun ngawangun cukang teh. Buktina cek Asep Paslah, Kapala Desa Mekarwangi, pihak desa geus ngajukeun surat
sangkan pihak kabupaten daek nulungan.
“Tos langkung ti 30 taun cukang gantung nu aya teh pegat ku banjir. Ti harita tacan
kantos didangdosan deui. mung , mugi bae tiasa dibangun saenggalna,” cek Asep.

PANCEN
Lamun ku urang ditengetan, laporan peristiwa “Ku Taya Pisan Cukang, Barudak Sakola Kudu
Meuntas Walungan” di luhur teh mibanda adegan bubuka, eusi, jeung pamungkas. Pek teangan
ngeunaan hal-hal nu dicaritakeun dina tiap bagian!
1. BAGIAN BUBUKA
Ditepikeun dina paragraf ka-....................................................................................................
Eusina nyaritakeun ..............................................................................................
2. BAGIAN EUSI
Ditepikeun dina paragraf ka-....................................................................................................
Eusina nyaritakeun ....................................................................................................................................................
3. BAGIAN PAMUNGKAS
Ditepikeun dina paragraf ka-....................................................................................................
Eusina nyaritakeun ................................................................................................................................

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

1. puguh ke paksa

puluhan murid madrasah

2. mekar wangi

sanggeus taya nu tingaleun

3. narekahan

pikeun ngawangun cukang teh

Penjelasan:

semoga membantu maaf kalo ada kesalhan

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh fitrianaswa993 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Thu, 22 Jul 21