pidato tentang Indung bahasa Sunda​

Berikut ini adalah pertanyaan dari renieutami pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Pidato tentang Indung bahasa Sunda​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Pidato pentingna urang hormat ka indung jeung bapa

السلام عليكم ورحمةالله وبركاته

Alhamdulillahirobbil alamin wabihi nastainu waalaumuridunya waddin wasolatu wasalamu ala asrofil anbiya iwalmursalin waala alihi wasohbihi ajmain,amaba’du

Sateuacan ngamimitian sumangga urang panjatkeun puji syukur kana kahadirat ALLAH anu maha suci nu parantos nyiptakeun langit jeung bumi.

Solawat sinareng salam oge mugia tetep kacurah limpahkeun ka jungjungan alam nyaeta habibana wanabiyana kangjeng nabi muhammad SAW.

Dina kasempatan anu bungah ieu, insya allah simkuring bade ngadugikeun hiji biantara ngeunaan kana pikanyaah indung jeung bapa, nyaéta pentingna urang hormat kanu jadi indung jeung bapa.

Hadirin, naha simkuring nyandak judul sapertos kitu?

Sabab, eta dua jalmi teh mangrupakeun jalmi-jalmi anu ageung pisan pangaruhna nu aya dina kahirupan urang sadaya.

Bapa urang nyaeta hiji jalmi nu kiat nu rela ngorbankeun sagalana pikeun bisa ngabahagiakeun urang salaku nu jadi anak. Malih anjeuna rela di saban dinten midamel kadieu kaditu supaya bisa ngahirupan anak jeung istrina.

Kitu oge ka indung urang, nyeta hiji jalmi anu mulia pisan nu jasana teu bisa ka itung, anjeuna oge anu parantos ngalakukeun 6N keur urang. Hadirin.. Terang naon eta 6N teh?

6N teh nyaeta:

1. Ngandung

2. Ngalahirkeun

3. Nganyusuan

4. Ngarawat

5. Ngagedekeun

6. Ngadidik urang nu salaku anakna, leres teu?

Coba urang bayangkeun hadirin, sakitu ageungna pisan eta jasa sareng pangorbananana nu parantos dipasihkeun ka urang sadaya, malah mah urang bisa jadi kos kieu oge jeung lahir di dunya ieu oge ku sabab ku dua jalmi eta, leres?

Lamun di itung-itung jasa anjeuna, sadayana ge moal bakal bisa kagantikeun ku emas jeung permata sakali oge. Teras, naon anu kedah ku urang lakukeun pikeun ngabales jasana? Nyaeta ku jalaran hormat, taat, jeung patuh kana sagala parentahna. Sabab sakumaha anu parantos disebutkeun tina hadist:

رض الله في رض الوالد ين وصخط الله في صخط الو ين

Nu harina: Karidhoan allah nyaéta karidhoan kolot urang, sareng kamurkaan alloh nyaéta kamurkaan kolot urang ogé.

Dina hadist eta parantos jelas, yen lamun urang patuh jeung taat ka kalot urang, mangka kolot urang oge bakalan reseup jeung bunggah boga anak sapertos urang, jeung terus ngadoa supaya tiasa asup ka surgana allah, amin yaa robbal alamin.

Tapi lamun ceunah urang doraka ka kolot urang, mangka alloh ogé bakalan leuwih murka jeung ngasupkeun urang ka narakana alloh, naudzubillah minzalik!

Hadirin sadaya..

Hoyong lebeut ka surga sadayana?

Lamun hoyong, hayu urang hormat kanu jadi kolot urang, mangga sami-sami ayeuna urang ngadua kanggo kaduan kolot urang

اللهم اغفرلنادنوبناوارحمهماكماربيناصغير نا

Nah, mung sakitu anu tiasa ku simkuring dugikeun, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadayana, hatur nuhun tina sagala perhatiana jeung hampunten bilih seueur ka kirangan nana.

والسلام عليكم ورحمةالله وبركاته

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh anafanadicky0918 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sat, 31 Jul 21