a. tangtukeun cangkang sisindiran di handap1.________________________________________ ________________________________________ Kahayang

Berikut ini adalah pertanyaan dari ImZieel pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

A. tangtukeun cangkang sisindiran di handap1.________________________________________
________________________________________
Kahayang jadi insinyur
Fisika peunteunna opat
2.________________________________________
________________________________________
Mun Didi nyanyi di panggung
Nu lalajo maledogan
3.________________________________________
________________________________________
ulah ngalawan ka kolot
Bisi asup ka naraka
4.________________________________________
________________________________________
Satungtung keur hirup indung
Ulah kendat nya babakti
5.________________________________________
________________________________________
Pembantu jaman ayeuna
nyeusehan ge ku mesin cuci

JAWAB PAKEK BAHASA SUNDA NGAB!!​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Okéh jang, dihandap ieu cangkang sisindiranna nya bageur!

1. Nangka ngeunahna disayur

komo umpama jeung kupat

Kahayang jadi insinyur

Fisika peunteunna opat.

2. Hayam bikang hésé nangtung

sihoréng eukeur endogan

Mun Didi nyanyi di oanggung

nu lalajo malédogan

3. Ulah sok popolotot

bisi matak nyeri mata

Ulah ngalawan kakolot

bisi asup ka naraka

4. Umpama sering ngariung

gampang ngajakan babakti

Satungtung keur hirup inéung

ulah kendat nya babakti

5. Urang ulah asa-asa

umpama niatna suci

Pembantu jaman ayeuna

nyeuseuh gé ku mesin cuci

Pedaran

Ditilik tina eusi atawa maksud sisindiran, aya tilu rupa sisindiran, nyaéta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, silih asih jeung sésébréd. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun, dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan éngang.

Dina sisindiran aya bagéan cangkang atawa sampiran jeung aya bagéan eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, bagéan cangkang nyaéta padalisan kahij jeung kadua, bagéan eusi nyaéta padalisan katilu jeung kaopat. Sedengkeun dina wawangsalan, bagéan cangkang nyaéta padalisan kahiji, bagéan eusi nyaeta padalisan kadua.

» Pelajari Lebih Lanjut

Soal nu sami di : yomemimo.com/tugas/7974761

Jinis sisindiran di : yomemimo.com/tugas/5391979

» Détail Jawaban

Mapél:Basa Sunda

Kelas: 8

Matéri: Sisindiran

Kodeu katégorisasi: 8.13.2

Keywords: sisindiran, cangkang

#DiajarSingGetol

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh AnonymousGuyFawkes dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 25 Jan 22