Unggal poé unggal léngkah nataan tanggal dina kalénder angger aya nu diarep-arep ari

Berikut ini adalah pertanyaan dari anafariyah pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Unggal poé unggal léngkahnataan tanggal dina kalénder
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung

dina béja dina carita
teu weléh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian. Henteu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah

dina sakeclak cimata. Aya kasedih
nu teu kedal. Dina kongkolak
kahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui

Nyaritakeun naon sajak diluhur téh....

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Mapél: B. Sunda

Kelas: 8

Katégori: Maca Sajak

Kodeu: 13

Kecap konci: sajak

Jawaban:

Nyaritakeun kahirupan anu pinuh kasangsaraan/kasedihan.

Pedaran:

Sajak nyaéta salahsahiji karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan. Dina sastra Sunda, sajak henteu siga guguritan atawa wawacan nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

Dina awal munculna/bijilna sajak dina sastra Sunda, aya sawatara jalma anu teu satuju sajak asup kana bagean puisi Sunda, tapi aya oge sawatara jalma anu satuju kana sajak. Anu teu satuju kana sajak miboga pamadegan yen sajak teh henteu pantes asup kana bagean tina puisi Sunda sabab sajak mah henteu kaiket ku aturan, cenah.

Padahal harita teh dina puisi Sunda oge geus aya karya sastra anu miboga wangun puisi, nyaeta saperti kawih, anu henteu kaiket ku aturan. Umpama kawih sok disebut "lalaguan Sunda bebas", dina awalna sajak oge kungsi disebut "sajak bebas". Akhirna nepi ka kiwari sajak bisa ditarima dina bagean puisi Sunda.

Sanajan sajak henteu kaiket ku aturan, salaku karya sastra dina wangun puisi, sajak miboga sawatara unsur anu bisa dijadikeun padoman pikeun nilik atawa nganalisa eusi sajak. Unsur-unsur anu dimaksud nyaeta unsur tema, nada jeung suasana, rasa, jeung amanat.

Umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sajak kaasup kana wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita, saperti oge guguritan, sisindiran, mantra jeung pupujian. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.

#DiajarSingGetol

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh BrainlySultan dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 31 Jan 22