Berikut ini adalah pertanyaan dari ridhokomara0610 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Situ bagenditKaléreun kota Garut aya hiji lembur, ngaranna

Bagendit. Di dinya téh aya situ nu sok dipaké ulin ku

barudak, ngaranna Situ Bagendit.


Eta situ téh baheulana mah mangrupa lembur

kawilang gegek. Di dinya aya hiji imah anu agréng. Malah

di dinya mah pangagréngna wé. Wangunanana alus

kacida. Éta imah bogana hiji awéwé, katelahna Bagénda

Endit. Manéhna téh jalma beunghar. Ngan hanjaka/

korét pisan. Ulah boro ka jalma anu teu wawuh, ka

tatangga salemburna ogé tara daék Pisan tutulung. Anu

maksakeun ménta tu/ung ka Nyi Endit, geus tangtu

balikna bakal mawa kanyeri. Sabab tibatan ditulungan

mah ku Nyi Endit sok kalah dicarékan.


Dina hiji poé, Nyi Endit kadatangan ku aki-aki anu

anu tangtunganana rudin. Leumpangna kundang iteuk,

matak pikarunyaeun. Awakna begang, kawas nu kurang

dahar. Manéhna datang ka imah Nyi Endit téh

maksudna mah rék ménta nginum. Tapi karék gé di

buruan, ku Nyi Endit geus diusir mantén.


“Indit siah! Rék naon manéh asup ka pakarangan

imah kami!” cék Nyi Endit.

“Duh, tulungan abdi téh, Juag. Teu kuat hanaang

hayang nginum!” témbal aki-aki.

“Euweuh! Jig, geura indit! Teu sudi kami mah

kaanjangan ku jalma pikarujiteun kitu!”

Eta aki-aki téh tungtungna mah indit. Tapi

saméméh kaluar ti pakarangan, manéhna nyarita ka Nyi

Endit.

“Endit, saéstuna Pangéran mah Maha Adil. Boh

amal hadé boh amal goréng, tangtu aya wawalesna

séwang-séwangan.”


Geus nyarita kitu mah léos baé indit. Teu jauh ti

imahna Nyi Endit, manéhna nancebkeun iteukna kana

taneuh. Tuluy dicabut deui. Ahéng kacida, tina liang

urut iteukna téh ujug-ujug ngaburial cai. Sarta beuki

lila beuki gedé. Nepi ka ahirna liangna téh jadi sagedé

sumur.


Jalma salelembur tuluy ibur. Cai beuki lebleban.

Ltu ieu pada nyalametkeun dirina séwang-séwangan. Ari

ka Nyi Endit mah geus euweuh nu inget saurang-urang

acan. Bubuhan ngaréwaeun.


Basa cai ngeueum lembur téh, Nyi Endit mah keur

tibra saré. Kakara apal sotéh basa cai naék ka imahna.

Manéhna pohara reuwaseunana. Tuluy lumpat muru

panto hareup. Tétéla lembur geus kakeueum. Geus taya

jalma saurang-urang acan.

Saenyana harita téh manéhna kaburu kénéh

nyalametkeun dirina. Lantaran cai karék semet bujal.

Tapi dasar jalma kagélo ku harta, Nyi Endit mah kalah

tuluy ngabuntelan heula emas perhiasan jeung papakéan.

Rido lamun harta bandana milu kakeueum ku cai. Nepi ka

basa manéhna kaluar ti imahna, cai téh geus semet

gado. Ari Nyi Endit sakitu angkaribungna ku babawaan.

Nya nyuhun, nya ngélék, nya ngajingjing. Nyi Endit

roroésan ngojay. Tapi tungtungna mah manéhna

titeuleum, bareng jeung harta bandana sorangan.




tentukan :
1. Tema
2. Alur
3. Tokoh/penokohan
4. sudut pandang
5. latar(tempat,waktu, dan suasana)
6. amanat



plis soalnya jgn dihapus,cape ge ngetik nya

plis jawab ​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:Situ bagendit

Di sebelah utara kota Garut ada lembur, namanya

Bagendit. Ada sebuah danau yang selalu kamu mainkan

anak, bernama Situ Bagendit.

Danau itu dulunya bukan lembur

relatif gegek. Ada rumah agréng. sebagai gantinya

di sana saya adalah yang terburuk dari mereka. bangunan yang bagus

kacida. Ini adalah rumah bagi seorang wanita, yang dikenal sebagai Bagenda

Selesai. Dia adalah orang yang kaya. Ngan hanjaka/

sangat singkat. Jangan sampai ke orang yang belum familiar, to

Tetangga juga sangat bersedia membantu. anu

paksa minta tolong  ke bibi   Endit, pasti

kembali akan membawa kanker. Karena bukannya ditolong

bibi  Nyi Endit selalu kehilangan jejak.

Dalam satu hari, bibi Endit datang dengan baterai

Penjelasan:

udah maaf kalau salah ya

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh nabhanprayoga dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 09 May 22