Karangan bebas bahasa sunda liburan ke tangkuban perahu

Berikut ini adalah pertanyaan dari septiantapas19 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Karangan bebas bahasa sunda liburan ke tangkuban perahu

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Liburan ka Tangkuban Parahu

"Jar, sok-sok atuh geura hudang, pan rék milu lin! Guera sholat subuh heula!" si Mamah ngagorowok ti dapur. "Nya, mah!" jawab kuring.

Ayeuna kuring jeung sakulawarga rék rencana liburan ka Tangkuban Parahu. Kuring téh asa panasaran, cenah ceuk béja mah diditu téh aya parahu badag anu tibalik. Emm... pantesan wé atuh disebut Tangkuban Parahu téh pédah wé éta parahu téh nangkub alias tibalik.

Kuring jung nangtung muru ka cai, nyokot wudhu. Tuluy siap-siap rék sholat subuh ka masjid. Bérés balik ti masjid, kuring téh dahar, najan jeung uyah-uyah waé mah, ngarah teu salatri wé engké di jalan.

Geus bérés dahar, si Bapa ngagorowok, "Tuh mobil geus siap, buru-buru sok siapkeun nanon baé nu rék dibawa téh". Atuh, brebet wé urang téh muru ka kamar ngadon siap-siap, maké baju paméré basa kuring Ultah bulan kamari. Lumayan lah keur dipaké sapopoé.

"Sok-sok atuh jar, geus beurang yeuh!" si Tétéh ngagorowok. "Nya, ieu gé keur buru-buru!" témbal kuring. Kuring gé asa kumaha nya, asa rada keuheul ka lanceuk urang téh, mani teu sabaran. Sautak-saeutik téh ambek wé jeung ambek.

Bérés dangdan, kuring langsung kaluar ti kamar muru ka mobil. Barang geus siap, mobil téh maju muru ka Tangkuban Parahu.

Disapanjang jalanan, kuring téh hayoh wé ngulak-ngilek hapé, ninggalian dina Google nu kumaha tangkuban parahu. Kusabab jongjon teuing, asa siga karék samenit geus nepi deui ka tangkuban parahu.

"Sok tah burukeun turunkeun barang téh!" ceuk si Bapa. Kuring jeung Lanceuk kuring nurunkeun babawaan ti imah. Sanggeus kitu, néangan tempat nu rada iuh. "Tuh, aya tempat nu iuh!" ceuk lanceuk. Langsung wé babawaan téh dibawa ka tempat nu dituju.

"Énggalan, Pa!" ceuk Lanceuk. "Enya, ieu jeur tarapti heula bisi aya nu tinggaleun!".

Kuring mani asa sugema ninggali kaayaan sabudeureun, mani éndah. Can ditambahan ku ayana Parahu nu tibalik. Mani asa embung balik deui kalembur téh, hayang cicing tuluy didieu.

Prak wé, kuring jeung sakulawarga téh ngadon dahar heula. Lumayan lah, keur ngeusian beuteung nu kosong da tadi daharna kur saeutik.

Geus bérés dahar mah, langsung wé si tétéh ngagorowok "Jar, hayu urang ka kapal anu itu bari popotoan". "Enya" jawab kuring bari lumpat muru ka lanceuk kuring.

Tuluy popotoan wé kuring téh jeung lanceuk kurung. Mani resep ogé nya.

Waktu téh mani nyérélék pisan, mani geus lohor deui. Atuh langsung wé siap-siap rék balik deui kalembur. Kuring téh asa embung balik téh, tapi da kumahanya, da lembur kuring mah lain didieu, nya kapaksa wé kuring kudu mulang.

Disapanjang jalan muru balik, kuring téh ngan ngalamun wé, nepikeun ka kasaréan. Apal-apal téh geus nepi deui ka imah. Tuluy muru ka cai rék mandi. Tos mandi, sholat lohor wé, saré deui tungtungna mah da bakating ku capé.

Karangan: Fajar Kim

Copyright 2021©

─────────────────────────

Détail Jawaban:

  • Mapél: Basa Sunda
  • Kelas: 7
  • Bab: Bab 4 - Pangalaman Pribadi
  • Kodeu katégorisasi: 7.13.4

Kecap konci: karangan, bebas

Jawaban:Liburan ka Tangkuban Parahu

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh FajarKim dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Wed, 09 Feb 22