Sebutkan jenis jenis rarangken dina aksara Sunda katut conto penempatana!​

Berikut ini adalah pertanyaan dari andreganz142 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Sebutkan jenis jenis rarangken dina aksara Sunda katut conto penempatana!​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Rarangkén dina Aksara Sunda:

1. Dibeulah Kénca Aksara Sunda

Panéléng (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun ngarobah sora "a" dina aksara ngalagena jadi "é". Conto: ᮊᮦ (ké)

---

2. Diluhureun Aksara Sunda

a. Panyecek (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun nambahan sora "ng" dina panungtung aksara ngalagena. Conto: ᮊᮀ (kang)

b. Panglayar (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun nambahan sora "r" dina panungtung aksara ngalagena. Conto: ᮊᮁ (kar)

c. Panghulu (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun ngarobah sora "a" dina aksara ngalagena jadi "i". Conto: ᮊᮤ (ki)

d. Pamepet (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun ngarobah sora "a" dina aksara ngalagena jadi "e". Conto: ᮊᮨ (ke)

e. Paneuleung (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun ngarobah sora "a" dina aksara ngalagena jadi "eu". Conto: ᮊᮩ (keu)

---

3. Dibeulah Katuhu Aksara Sunda

a. Panolong (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeum ngarobah sora "a" dina aksara ngalagena jadi "o". Conto: ᮊᮧ (ko)

b. Pamingkal ( ). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun nyelapkeun sora "y" di tengah sora aksara ngalagena. Conto: ᮊᮡ (kya)

c. Pangwisad (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun nambahan sora "h" dina panungtung aksara ngalagena. Conto: ᮊᮂ (kah)

d. Pamaéh (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun miceun sora "a" dina aksara ngalagena. Conto: ᮊ᮪ (k)

---

4. Dihandapeun Aksara Sunda

a. Panyuku (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun ngarobah sora "a" dina aksara ngalagena jadi "u". Conto: ᮊᮥ (ku)

b. Panyiku (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun nyelapkeun sora "l" di tengah sora aksara ngalagena. Conto: ᮊᮣ (kla)

c. Panyakra (). Nyaéta rarangkén anu pungsina pikeun nyelapkeun sora "r" di tengah sora aksara ngalagena. Conto: ᮊᮢ (kra)

Pembahasan

Aksara Sunda nyaéta aksara nu mimiti berkembang di béh Kulon pulo Jawa. Ieu aksara Sunda téh meunang modifikasi tina Aksara Pallawa. Aksara Sunda baheula di paké ku masarakat beulah Kulon pulo Jawa dina abad ka-14 nepika abad ka-18.

Aya 32 Aksara Sunda Baku, nu mana diantara nu 32 éta aya 7 aksara swara jeung 23 aksara ngalagena.

Aksara Swara (Vokal)

a = ᮃ

i = ᮄ

u = ᮅ

e = ᮈ

o = ᮇ

é = ᮆ

eu = ᮉ

Aksara Ngalagena (Konsonan)

ka = ᮊ

ga = ᮌ

nga = ᮍ

ca = ᮎ

ja = ᮏ

nya = ᮑ

ta = ᮒ

da = ᮓ

na = ᮔ

pa = ᮕ

ba = ᮘ

ma = ᮙ

ya = ᮚ

ra = ᮛ

la = ᮜ

wa = ᮝ

sa = ᮞ

ha = ᮠ

fa = ᮖ

va = ᮗ

qa = ᮋ

xa = ᮟ

za = ᮐ

kha = ᮮ

sya = ᮯ

Pelajari Lebih Lanjut

Detail Jawaban

Mapel: Basa Sunda

Kelas: 7 SMP

Bab: Aksara Sunda

Kode kategorisasi: 7.13.5

Kata kunci: rarangken, aksara sunda

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh unknown dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sun, 12 Sep 21