— RBS MIARA BUDAYA SUNDA —Saban taun, mahasiswa ti Departemen

Berikut ini adalah pertanyaan dari ransoomin pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

— RBS MIARA BUDAYA SUNDA —Saban taun, mahasiswa ti Departemen Pendidikan Baha sa Daérah FPBS UPI ngayakeun kagiatan Riksa Budaya Sunda (RBS). Taun ieu, éta kagiatan RBS téh dilaksanakeun tanggal 21-23 Pébruari 2017 di Gedung FPBS Kampus UPI.

Adad Mulyadi, salaku Pupuhu Panata calagara nembrakkeun yén éta kagiatan RBS téh minangka kagiatan pikeun ngasah ka- mampuh kana seni budaya Sunda ngaliwatan pasanggiri, "Dina ieu kagiatan (RBS, réd.), mahasiswa Departemen Pendidikan Ba- hasa Daerah (DPBD) seja ilubiung dina miara seni katut matéri budaya Sunda kalawan jembar Malah mandar tetep dipiwanoh, dipicinta, sarta dipiara dumasar kana cara sareng kamampuhna séwang-séwangan."

Adad gé nyebutkeun matéri dina RBS téh ngawengku pa- sanggiri ngadongéng, maca sajak, kamahéran kana aksara Sun- da, tembang (ra)-rancag-(an), maca warta, cerdas cermat, jeung nulis karya nonfiksi. Iwal ti pasanggiri nulis karya nonfiksi, pasanggiri nu séjén mah diancokeun pikeun para siswa tingkat SMP jeung SMA.

Pupuhu DPBD FPBS UPI, Dr. H. Usép Kuswari, M.Pd nyebut- keun, dina sajarahna éta kagiatan pasanggiri téh memang dian- cokeun pikeun para siswa tingkat SMA Demi nu jadi udaganana, lian ti pikeun ngawanohkeun jeung numuwuhkeun rasa cinta katut kareueus kana basa jeung seni Sunda téh, nya minangka promosi lembaga (DPBD FPBS UPD) sangkan siswa SMA sangkan kataji kuliah di Program Studi Pendidikan Bahasa Daérah.

"Kagiatan RBS diancokeun kanggo ngirut siswa SMA supa- dos mibanda karep lebet ka Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Alhamdulillah, seueur ogé mahasiswa DPBD kiwari nu lebetna ka UPI téh marga lantaranana nya tina kagiatan RBS," ceuk H. Usép Kuswari.

Tina kagiatan RBS, katangén pisan para siswa anu makalang- an téh réréana mah siswa anu mémang deukeut deuheus kana budaya Sunda. Déna, salah saurang patandang dina Pasanggiri Tembang Rarancagan nyebutkeun, sapopoéna di imah maké basa Sunda, tur mikaresep pisan kana seni Sunda.

"Kaleresan pun biang téh panembang cianjuran, janten di ro- rompok sadidinten tos biasa deuih nganggo basa Sunda," ceuk Déna nu ogé siswa di SMAN 10 Bandung.



Pertanyaan:
1. Naon ari nu dimaksud kagiatan Riksa Budaya Sunda (RBS) téh?

2. Saha nu ngayakeun éta kagiatan RBS?

3. Di mana diayakeunana éta kagiatan RBS?

4. Saha ari Adad Mulyadi téh?

5. Aya naon waé dina kagiatan RBS téh?

6. Naon sababna budaya Sunda kudu dipiara?

7. Kumaha sajarahna pangna aya kagiatan RBS téh?

8. Naon nu jadi udagan tina kagiatan RBS téh?

9. Siswa nu kumaha waé nu milu kana éta kagiatan RBS téh?

10. Naon sababna Déna (siwa SMAN 10 Bandung) sapopoéna di imahna sok nyarita ku basa Sunda?



Tolong bantu jawab yaa, jika bisa jawabannya beserta artinya (bahasa Indonesia) juga.

-Ngasal = Lapor-

— RBS MIARA BUDAYA SUNDA —Saban taun, mahasiswa ti Departemen Pendidikan Baha sa Daérah FPBS UPI ngayakeun kagiatan Riksa Budaya Sunda (RBS). Taun ieu, éta kagiatan RBS téh dilaksanakeun tanggal 21-23 Pébruari 2017 di Gedung FPBS Kampus UPI.Adad Mulyadi, salaku Pupuhu Panata calagara nembrakkeun yén éta kagiatan RBS téh minangka kagiatan pikeun ngasah ka- mampuh kana seni budaya Sunda ngaliwatan pasanggiri,

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

  1. kagiatan RBS téh kagiatan pikeun ngasah kamampuan kana seni budaya Sunda ngaliwatan pasanggiri.
  2. Departemen Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI
  3. di Gedung FPBS Kampus UPI
  4. Pupuhu Panata calagara kagiatan RBS
  5. pasanggiri ngadongéng, maca sajak, kamahéran kana aksara Sunda, tembang (ra)-rancag-(an), maca warta, cerdas cermat, jeung nulis karya nonfiksi.
  6. budaya Sunda kalawan jembar malah mandar tetep dipiwanoh, dipicinta, sarta dipiara dumasar kana cara sareng kamampuhna séwang-séwangan.
  7. dina sajarahna éta kagiatan pasanggiri téh memang diancokeun pikeun para siswa tingkat SMA Demi nu jadi udaganana
  8. pikeun ngawanohkeun jeung numuwuhkeun rasa cinta katut kareueus kana basa jeung seni Sunda téh, nya minangka promosi lembaga (DPBD FPBS UPD) sangkan siswa SMA sangkan kataji kuliah di Program Studi Pendidikan Bahasa Daérah.
  9. siswa anu mémang deukeut deuheus kana budaya Sunda.
  10. mikaresep pisan kana seni Sunda.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh KelanaSukma dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sun, 16 Apr 23