2. 3. 4. 5. 6. mobil → momobilan Kalimah :

Berikut ini adalah pertanyaan dari rabiyatulmaulina18 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

2. 3. 4. 5. 6. mobil → momobilan Kalimah : Tajing Kalimah : tatajong Dupak ->> dudupak Kalimah : Sentak sesentak Kalimah : Kotor Kalimah : → kokotor ​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

1. Mobil → Momobilan

Kalimah: Badru keur ulin momobilan jeung babaturanna di lapang.

2. Tajong → Tatajong

Kalimah: Si Ibro mah mun keur leumpang téh sok bari tatajong.

3. Dupak → Dudupak

Kalimah: Ari leumpang téh, si Fahmi mah sok dudupak.

4. Sentak → Sesentak

Kalimah: Ari ngomong jeung kolot téh ulah bari sok sesentak, doraka.

5. Kotor → Kokotor

Kalimah: Ku cara mandi, kokotor dina awak urang téh bakal leungit.

Pembahasan

Kecap rajékan nyaéta jenis kecap anu disebut dua kali atawa kecap anu dirajék boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti dirajék (boh engangna atawa wangun dasarna), aya sawatarana kecap dirajék anu ditambahan ku rarangkén, boh dihareup atawa ditukang.

Kecap rajékan kapasing jadi sababaraha pasing, nyaéta:

  • Kecap rajékan dwipurwa, nyaéta jenis kecap rajékan anu dirajék engangna atawa suku kecapna. Conto: momobilan, sasapédahan, jeung sajabana.
  • Kecap rajékan dwimadya, nyaéta jenis kecap rajékan anu dirajék engang tengahna. Conto: sapeupeuting, sapopoé, jeung sajaban.
  • Kecap rajékan dwilingga kapasing deui jadi dua pasing, nyaéta kecap rajékan dwimurni anu dirajek wangun dasarna bari henteu ngarobah sorana, contona: jalma-jalma, jeung kecap rajékan dwiréka anu dirajék wangun dasarna bari ngarobah sorana, contona: tunggal-teunggeul.
  • Kecap rajékan trilingga, nyaéta kecap anu disebut atawa dirajék tilu kali wangun dasarna. Contona: dag-dig-dug.

Pelajari Lebih Lanjut

Detail Jawaban

Mapel: Basa Sunda

Kelas: 11

Bab: Bab 6 - Pedaran Budaya Sunda

Kode kategorisasi: 11.13.6

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh FajarKim dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Fri, 21 Apr 23