[tex]{\boxed{\bold{Basa\:Sunda}}}[/tex] ~Hanya 1 ➺ (BIG POINT) 1. Naon nu dimaksud gobrah jeung

Berikut ini adalah pertanyaan dari AQOURS pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

{\boxed{\bold{Basa\:Sunda}}}~Hanya 1 ➺ (BIG POINT)
1. Naon nu dimaksud gobrah jeung godober teh?
\tt RULES\::
❐ No COPAS!!
❐ No Ngasal!!
❐ No Spam (Acak)!!
❐ Wajib Sertakan Pembahasan!!
\tt \tiny Empy..
.

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Sateuacan ngajawab pananya Tétéh ieu, urang tengetan heula Guguritan dihandap ieu. Pék baca heula!

Di Mekah Tepung Silaturahmi

Ku: Yus Rusyana

Jamaah téh asal béda nagri

Ti wétan ka kulon

Nagri kidul katut nagri kalér

Rupa-rupa bangsa pada hadir

Mungguh umat Nabi

Kabéh gé kasaur

Di Melah tepung silaturahmi

Patanya patakon

Silih rérét loba anu anéh

Nyidik-nyidik kulit warna warni

Panon, irung, biwir

Dedegan nya kitu

Ku pakéan gé matak kataji

Godéblag berelong

Potonganna gobrah jeung godobér

Nu disarung jeung nu disamping

Kabéh narik ati

Runtut raut rukun

Betah teuing lamun pagilinggisik

Salam silih walon

Lamun pareng diuk paréréndéng

Silih tanya asal téh ti mendi

Silih beuli ati

Patepung jeung dulur

Jawaban:

Sakumaha ceuk Guguritan diluhur, maka nu dimaksud GobrahjeungGodobér téh nyaéta PAKÉAN IHROM NU DIPAKÉ JAMA'AH HAJI ATAWA UMROH DINA WAKTU IHROM.

Gobrah téh kecap anu ngabogaan harti "gedé teuing, logor, atawa kendor". Sedengkeun godobér téh kecap panganteur keur baju atawa kaén anu ngagodobér atawa ngageleber kusabab katebak angin nu tarik kacida.

Baju Ihrom téh sok diistilahkeun gobrah jeung godobér téh sabab baju ihrom mah gedé tur logor dipakéna, ulah pageuh teuing. Jadi wéh disebut na GOBRAH. Tah, éta baju ihrom téh lamun katebak ku angin téh, komo mun tarik mah sok ngagodobér atawa ngageleber, jadi wéh disebutna téh GODOBÉR.

Tah, jadi kitu lalakonna pangna baju ihrom téh sok aya wé kolot nu nyebutna gobrah jeung godobér téh.

Pedaran

Guguritan téh nyaéta salah sahiji karya Sastra Sunda anu diwangun ku ugeran atawa puisi anu kaiket ku aturan atawa patokan pupuh.

Tah, dina Sastra Puisi Sunda téh, aya dua wangun atawa dua rupa, nyaéta puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu teu kaiket ku aturan. Conto puisi anu kaiket ku aturan anu salian ti Guguritan téh aya Wawacan jeung Sisindiran.

Téks diluhur anu dijudulan "Di Mekah Tepung Silaturahmi" téh asupna kana guguritan.

Dina guguritan diluhur, aya nu kecap gobrahjeunggodobér dina pada:

Ku pakéan gé matak kataji

  • Godéblag berelong
  • Potonganna gobrah jeung godobér
  • Nu disarung jeung nu disamping
  • Kabéh narik ati
  • Runtut raut rukun

Tah, jadi ceuk dina pada éta téh nu di maksud gobrah jeung godobér téh nyaéta pakéan ihrom nu sok dipaké jamaah haji atawa umroh dina waktu ihrom. Dina pakéan ihrom téh, hususna keur kaom lalaki téh aya dua kaén, aya nu di sarungkeun jeung aya nu disoléndangkeun.

Anu disarungkeun mah dipakéna maké beubeur (ikat pinggang) nu serba kudu logor, jadi sok disebut GOBRAH. Lamun anu disoléndangkeun éta mah sok disebutna GODOBÉR, sabab lamun katebak angin, komo mun tarik mah sok ngagodobér atawa ngageleber.

Jadi, éta nu dimaksud gobrahjeunggodobér téh ceuk guguritan diluhur téh.

Sakieu jawaban anu kapihatur. Mudah-mudahan urang sadayana aya dina panglindung Allah SWT. Wallahu 'alam bish showab.

Diajar Deui

→ Matéri sajak.

Détail Jawaban:

  • Mapél: Basa Sunda
  • Kelas: 8
  • Bab: Bab 3 - Guguritan
  • Kodeu katégorisasi: 8.13.3

Kecap konci: gobrah, godobér

Sateuacan ngajawab pananya Tétéh ieu, urang tengetan heula Guguritan dihandap ieu. Pék baca heula! Di Mekah Tepung Silaturahmi Ku: Yus Rusyana Jamaah téh asal béda nagriTi wétan ka kulonNagri kidul katut nagri kalérRupa-rupa bangsa pada hadirMungguh umat NabiKabéh gé kasaur Di Melah tepung silaturahmiPatanya patakonSilih rérét loba anu anéhNyidik-nyidik kulit warna warniPanon, irung, biwirDedegan nya kitu Ku pakéan gé matak katajiGodéblag berelongPotonganna gobrah jeung godobérNu disarung jeung nu disampingKabéh narik atiRuntut raut rukun Betah teuing lamun pagilinggisikSalam silih walonLamun pareng diuk paréréndéngSilih tanya asal téh ti mendiSilih beuli atiPatepung jeung dulur Jawaban:Sakumaha ceuk Guguritan diluhur, maka nu dimaksud Gobrah jeung Godobér téh nyaéta PAKÉAN IHROM NU DIPAKÉ JAMA'AH HAJI ATAWA UMROH DINA WAKTU IHROM. Gobrah téh kecap anu ngabogaan harti

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh FajarThea dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 25 Apr 22