buat novel Sunda dengan judul bebas minimal 3 paragraf​

Berikut ini adalah pertanyaan dari kakaksunsati123 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Buat novel Sunda dengan judul bebas minimal 3 paragraf​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Novel Si Bedog Panjang

Poѐ Saptu jam 6 sorѐ, di setatsion Sѐrang aya saurang budak lalaki nu diuk sorangan, manѐhna katingal sedih jeung bingung. Harita di setatsion tos tiiseun. Teu lila datang 2 urang jajaka, nyaѐta Yunus jeung Cѐcѐ. Yunus sareng Cѐcѐ dipiwarang ku Tuan Dirѐktur kanggo ngajemput Winarya, murid anyar tѐa. Tapi Winarya alimeun, pokna tѐh sieun cenah. Sieun kabitur, sieun kabitur da anjeuna tѐh sanѐs Winarya, tapi Sunarya. Anjeuna dipaksa ku bapana (bapa tѐrѐ) pikeun ngagantian lanceukna (lanceuk tѐrѐ) Winarya,  sakola di sakola ieu.

Saentos di bibita, diolo, anjeuna keresa ka sakola. Wengina, tos dalahar,  “Winarya” nepungan Juragan Sunda, Wakil Dirѐktur dianteur ku Yunus. Alhamdulillah anjeuna teu kabitur yѐn anjeuna sanѐs Winarya, Terus Yunus nganteurkeun “Winarya” ka kamarna. “Winarya” sakamar jeung Hari

Beuki lila “Winarya” beuki bisa nyesuaikeun diri ka kaayaan didinya. Geus aya 3 bulanna, cenah Mang Jaril, tukang ngompa cai  peuting-peuting ningali lalaki nu nyorѐn bedog panjang, bari nanyakeun Winarya. Cѐcѐ nyimpulkeun yѐn Winarya tѐh aya cacampuran jeung si bedog panjang, jelema teu bener.

Di hiji peuting,Yunus jeung Cѐcѐ  baradami rѐk lalajo rapat umum, di bioskop Banten-Park. Yunus jeung Cѐcѐ ogѐ ngajak “Winarya”. Pas rѐk indit, ngadak-ngadak  Juragan M nitah Yunus jaga, sabab budakna teu raraos. Tapi aranjeuna anggeur angkat, sakedap ieuh cenah. Karѐk gѐ nepi, katingali rapat tѐh bubar. Ceunah dibubarkeun ku P.I.D. Didinya katingali seueur pulisi. Kusabab rapat teu jadi, maranѐhna baralik deui. Sup katukangeun asrama. Can nepi maranѐhna areureun. Gok Si Bedog Panjang. Beungeutna teu katingali, batrѐna nyorot ka “Winarya”.

Tina kajadian nu enggeus-enggeus, Yunus jeung Cѐcѐ narik kasimpulan yѐn Si Bedog Panjang tѐh Mang Murnasim. Aranjeuna narik ѐta kasimpulan sabab sababaraha alesan. Kahiji, basa ngajiret cangѐhgar Cѐcѐ ningali Mang Murnasim. Kadua, basa di setatsion Sunarya ningali tingkem nu sarua, terus Mang Murnasim turun, Mang Murnasim ogѐ nyahoeun Yunus nyimpen cepuk didinya, bisa waѐ Mang Murnasim nukeurkeun tingkem ѐta kana tingkem nu sarua basa mangmawakeun barang tadi. Pan Si Bedog Panjang tѐh moro-moro cepuk ѐta.

Geus rada lila ti pakansi, “Sunarya” ngirim surat, eusina manѐhna rѐk ka Sѐrang mawa tingkem tѐa. Terus ngirim surat deui, eusina yѐn bapana geus teu aya.Atuh Sunarya sedih da geus teu boga sasaha, tapi Alhamdulillah aya keneh baraya di Kuningan.

Teu lila ti harita “Sunarya” datang ka Sѐrang.Terus aya kabar aya jalma mundar mandir waѐ di sakola.Cѐcѐ jeung Yunus langsung mastikeun ѐta tѐh Si Bedog Panjang. Tuluy Yunus, Cѐcѐ jeung barudak ka tukang, rѐk mergokan Si Bedog Panjang. Geus katingali gidigna Yunus jeung Cѐcѐ langsung nyerang.

Tuluy Cѐcѐ ngageroan Sunarya jeung Winarya. Geus kumpul,eusi cepuk nu aya di Yunus dibuka, eusina tѐh perhiasan emas nu kacida lobana. Aya buktina yѐn ѐta emas kagungan indung Sunarya, buktina nyaѐta sadaya surat emasna aya di Sunarya. Ceuk Sunarya indungna nitipkeun surat-surat emas ka manѐhna basa aya kѐnѐh. Tuluy sadaya satuju ѐta harta tѐh dibagi nurutkeun hukum islam  tapi saking bageurna. Sunarya, emas ѐta dibagi dua jeung Winarya, padahal nurutkeun hukum, bagean Winarya mah teu sakitueun. Yunus jeung Cѐcѐ gѐ ditawaran, tapi keukeuh embungeun.

Pembahasan:

Novel adalah sebuah prosa / cerita yang mengandung orientasi, konflik, solusi dan juga amanat. Biasanya Novel selalu ada sinopsis nya yang membuat seseorang minat akan isi novel tersebut. Novel ini si cerita nya lebih panjang dibanding cerpen.

Macam-macam novel:

  • Religi
  • Action
  • Romansa
  • Friendship
  • Horror
  • Fantasi
  • Dan lain-lain

Pelajari Lebih Lanjut

Pelajari lebih lanjut materi tentang Apa arti dan ciri-ciri novel yomemimo.com/tugas/2894980

#BelajarBersamaBrainly#SPJ9

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh mohhan86 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sun, 19 Mar 23