5 contoh rarangken pang-keun beserta warna kecap jeung hartina ? kalo

Berikut ini adalah pertanyaan dari babondbaex pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

5 contoh rarangken pang-keun beserta warna kecap jeung hartina ?kalo bisa pake contoh kalimatnya..

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Rarangken pang-keun nyaeta salah sahiji rarangken dina basa Sunda nu ngawangun kecap-kecap rundayan. Rarangken pang-keun kaasup jenis rarangken barung nyaeta rarangken nu ngagunakeun leuwih ti hiji rarangken pikeun ngawangun kecap-kecap rundayana. Rupa-rupa rarangken lianna salian ti rarangken barung nyaeta rarangken harep, rarangken tengah, jeung rarangken tukang.

Biasana ku ngagunakeun rarangken pang-keun teh bisa diwangun kecap pagawean pasif anu mangrupa panitah atawa pamenta. Jadi, warna kecap tina kecap nu ngagunakeun rarangken pang-keun teh umumna nyaeta kecap pagawean pasif panitah atawa pamenta. Di handap ieu 5 contoh rarangken pang-keun jeung warna kecap sarta hartina :

1. Pangmawakeun, hartina "tulungan ngalakukeun pagawean mawa", conto kalimahna "Cing kuring pangmawakeun nginum, asa halabhab pisan yeuh".
2. Pangadongengkeun, hartina "tulungan ngalakukeun pagawean ngadongeng", conto kalimahna "Amir, coba bisa pangadongengkeun carita nu kamari ku ibu didongengkeun di hareupeun kelas".
3. Pangnuliskeun, hartina "tulungan ngalakukeun pagawean nulis", conto kalimahna "Cing saha nu bisa pangnuliskeun soal matematika ieu di papan tulis ?".
4. Pangagambarkeun, hartina "tulungan ngalakukeun pagawean ngagambar", conto kalimahna "Sok, ayeuna pangagambarkeun ieu foto, lamun geus anggeus tulung dikirim ka kuring".
5. Pangahadeankeun, hartina "tulungan ngalakukeun pagawean ngahadean", conto kalimahna "Cing pangahadeankeun motor kuring".

Di luhur kaciri yen lamun nyanghareupan kecap pagawean nu nasalna robah jadi ng-, maka pang-keun robah jadi pa-keun, saperti pang-ngadongeng-keun robah jadi pangadongengkeun, pang-ngagambar-keun robah jadi pangagambarkeun, pang-ngahadean-keun robah jadi pangahadeankeun. Sedengkeun warna kecapna nyaeta kecap pagawean pasif panitah atawa pamenta.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh ilukman dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sun, 23 Nov 14