buatkan dan tuliskan pupuh sekar ageung (kinanti,sinom,asmarandana,danfangdanggula​

Berikut ini adalah pertanyaan dari rifanid7 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Buatkan dan tuliskan pupuh sekar ageung (kinanti,sinom,asmarandana,danfangdanggula

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

•Pupuh sadayana aya 17 dibagi ku dua bagian nyaeta sekar ageung jeung sekar alit, nu ka lebet sekar ageung nyaeta: Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), sakantunna nu 13 lebet kana sekar alit.

•Kinanti

Watekna miharep atawa prihatin. Unggal Pada diwangun ku genep padalisan

Kembang ros ku matak lucu ( 8 – u )

Nya alus rupa nya seungit ( 8 – i )

Henteu aya papadana ( 8 – a )

Ratuning kembang sajati ( 8 – i )

Papaes di patamanan ( 8 – a )

Seungit manis ngadalingding ( 8 – i )

Budak leutik bisa ngapung ( 8 – u )

Babaku ngapungna peuting ( 8 – i )

Nguriling kakalayangan ( 8 – a )

Neangan nu amis amis ( 8 – i )

Sarupaning bungbuahan ( 8 – a )

Naon bae nu kapanggih ( 8 – i )

Sinom

Watekna gumbira. Unggal Pada diwangun ku salapan padalisan.

Contona:

Di wetan fajar balebat ( 8 – a )

Panon poe arek bijil ( 8 – i )

Sinarna ruhay burahay ( 8 – a )

Kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )

Campur wungu saeutik ( 7 – i )

Kaselapan semu biru ( 8 – u )

Tanda Batara Surya ( 7 – a )

Bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )

Murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )

Mapag balebat ti wetan ( 8 – a )

Ngabring leumpang ngagaridig ( 8 – i )

Barudak rek sarakola ( 8 – a )

Kapireng pating hariring ( 8 – i )

Paheula heula nepi ( 7 – i )

Unggal isuk geus ngabaku ( 8 – u )

Bari garogonjakan ( 7 – a )

Estuning saruka ati ( 8 – a )

Sarerea hayang geura dialajar ( 12 – a )

•Asmarandana

Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan. Contona:

Eling eling mangka eling ( 8 – i )

Rumingkang di bumi alam ( 8 – a )

Darma wawayangan bae ( 8 – e )

Raga taya pangawasa ( 8 – a )

Lamun kasasar lampah ( 7 – a )

Nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )

Badan anu katempuhan ( 8 – a )

Mun ujang nyiar pangarti ( 8 – i )

Terus sakola ka kota ( 8 – a )

Sing jadi murid rancage ( 8 – e )

Bener pinter bari sehat ( 8 – a )

Mikaheman sasama ( 7 – a )

Asih kanu jadi guru ( 8 – u )

Gaganti ema jeung bapa ( 8 – a )

•Dangdanggula

Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan. Contona:

Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )

Ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )

Ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )

Batawi ngarunggunuk ( 7 – u )

Lautna mah teu katingali ( 9 – i )

Ukur lebah lebahna ( 7 – a )

Semu semu biru ( 6 – u )

Ari ret ka tebeh wetan ( 8 – a )

Gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 – i )

Meh bae kapiuhan ( 7 – a )

Pasosore nyawang bandung asri ( 10-i )

Basa kuring ulin ka isola ( 10-a )

Ti dieu ti belah kaler ( 8-e )

Tembong di lingkung gunung ( 7 – u )

Kota kembang bangun nu sepi ( 9 – i )

Beut teu kapireung sora ( 7 – a )

Da geus puguh jauh ( 6 – u )

Langitna kacida lenglang ( 8 – a )

Estu taya mega bodas aling aling( 12 – i )

Sore ieu bengras pisan ( 7 – a )

Penjelasan:

Maaf Kalo Salah ^_^

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh arsitanorbaiti dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sat, 10 Jul 21