Dewi Sartika dibabarkeun di Bandung, kaping 4 Desember 1884.

Berikut ini adalah pertanyaan dari yuay86 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Dewi Sartika dibabarkeun di Bandung, kaping 4 Desember 1884. Inohongsunda dina widang atikan jeung kabinangkitan kaom istri. Diaku salaku
pahlawan nasional ku pamarentah Republik Indonesia (RI) dina tahun 1996.
Dewi Sartika dilahirkeun ti kulawarga menak sunda, ramana Raden Rangga
Somanagara, Patih Bandung harita. Sedengk
eun ibuna nya eta Raden Ajeng
Rajapermas. Najan ngarempak adat kabaheulaan, ramana keukeuh
nyakolakeun Dewi Sartika, malah sakolana oge ka Walanda sagala, Sapupusna
ramana, Dewi Sartika dirorok ku Uwana (lanceuk ibuna), nu jeneng patih di
Cicalengka. Ti Uwana anjeunna meunang atikan kasundaan, sedengkeun
wawasan kabudayaan kulon beunang pangwuruk istri Asisten Residen.
Ti leuleutik, Dewi Sartika geus nembongkeun bakat pangatik jeung
kakeyeng kana kamajuan. Bari ulin di pipir gedong kapatihan, anjeunna sok
sasakolaan, ngajar baca nulis, malah ngajarkeun basa walanda, ka barudak
anak babu, juru masak, jongos, kusir, jeung pangebon kapatihan. Minangka
borna, nya eta papan bilik kandang kareta, nulisna make areng.
Harita teh umur Dewi Sartika kakara sapuluh taunan, Cicalengka
geunjleung alatan barudak badega kapatihan barisaeun baca tulis jeung
sababaraha kecap basa Walanda. Geunjleung, sabab jaman harita mah teu
loba, malah susah pisan aya anak cacah boga kabisa sarupa kitu, komo
beunang ngajar budak awewe.
Nalika geus rumaja, Dewi Sartika mulang deui ka ibuna di Bandung. Jiwana
anu beuki sawawa, terus ngagiring anjeunna kana ngawujudkeun angen-
angeunna. Hal ieu karojong ku watek pamanna, Bupati Martanagara, pamanna
pituin, anu memang boga kareteg anu sarua. Ngan, pamanna teu kitu bae bisa
ngawujudkeun kahayang alona. Sabab, adat jaman harita nganggap awewe teu
perlu sakola, cukup ku bisa migawe naon rupa nu bisa dilakukeun pikeun
ngawulaan salaki.
Tina ku sumanget jeung keyengna, tungtungna Dewi Sartika bisa
ngayakinkeun pamanna, sangkan diwidian kanggo ngadegkeun Sakola Istri.
Taun 1906, Dewi Sartika nikah ka Raden Agah Suriawinata, saurang
nonoman anu sapikir sahaluan, sajiwa, sacita-cita, guru di Sakola Karang
Pamulang, anu harita jadi Sakola Latihan Guru.

Tanggal 16 Januari 1904, Dewi Sartika muka sakola istri munggaran sa-
Indonesia. Murid-murid angkatan munggaran aya 20 urang migunakeun
rohangan pandopo Kabupaten Bandung.
Sataun ti harita, 1905, sakolana nambahan kelas, tepi ka merlukeun pindah
ka Ciguriang. Lulusannana mimiti kaluar taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa
urang yen awewe taya bedana jeung lalaki, bisa nampa pangajaran model
kulon. Taun 1910, sakolana diropea ngagunakeun harta banda pribadina tepi
ka bisa nyumponan sarat-sarat sakolaan formal.
Taun-taun salajengna di sawatara Tatar Sunda mitembeyan jlug-jleg sakola
istri, utamana dikokojoan ku sababaraha istri Sunda nu boga angen-angen
sarua jeung Dewi Sartika. Dina taun 1912 geus aya salapan sakola istri di kota-
kota kabupaten (satengahna ti jumlah kabupaten sa-Pasundan).
Dina umur anu ka sapuluh, taun 1914, ngaran sakolana diganti jadi Sakola
Kautamaan Istri. Kota-kota kabupaten di Tatar Sunda anu acan kagungan
Sakola Kautamaan Istri tinggal tilu atawa opat deui. Malah meuntas nepi ka
Bukittinggi, sakola kautamaan istri kodiadegkeun ku Encik Rama Saleh. Tatar
Sunda kakara jengkep boga sakola kautamaan istri di unggal kabupaten dina
taun 1920, katambah sababaraha anu ngadeg di kota kawadanan.
Bulan September 1929, Dewi Sartiknyieun pangeling-ngeling sakolana
nu
geus ngadeg salila 25 taun, sarta sakolana ganti ngaran jadi “Sakola Raden
Dewi”. Kana giatna ngamajukeun rahayat, utamana kaum istri Dewi Sartika
dileler bintang jasa ku Pamarentah Hindia-Walanda.
Raden Dewi Sartika pupus di Tasikmalaya, kaping 11 September 1947.
pertanyaan :
1.naha dijaman harita, upama awewe rek sekola di anggap ngerempak adat?
2. ti saga dewi sartika menang atikan kasundaan Jeung ti saha menang wawasan kebudayaan kulon?
3. murid nu mimiti diajar ku dewi sartika teh budak saha wae?
4. numutkeun pamanggih hidep naha dewi sartika hayang ningkatkeun darayak kaom istri
5. kamana wae sakila kautamaan istri diadegkeunnana?
MOHON DI JAWABB​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Minang kabau

Penjelasan:

haahhahahahaha

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh yuldenis32 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 07 Dec 21