kak tolong bantu jawab bahasa sunda kak​

Berikut ini adalah pertanyaan dari cimeng24510 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Kak tolong bantu jawab bahasa sunda kak​
kak tolong bantu jawab bahasa sunda kak​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

1. Tema kawih Es Lilin nyaeta ngeunaan cinta atawa asmara. Sedengkeun tema kawih Papatong

nyaeta ngeunaan kahirupan. Sanajan kecap atawa kekecapan nu aya dina judul jeung rumpaka kawih Es Lilin teh ngeunaan kadaharan, tapi eusi nu sabenerna tina kawih Es Lilin ngeunaan cinta atawa asmara antara awewe jeung lalaki. Kitu oge dina kawih Papatong, sanajan nu dicaritakeun teh papatong tapi eusina atawa maksudna nyaritakeun kahirupan jelema nu diibaratkeun ku papatong.

2.. Perasaan pangarang (unsur nada jeung suasana) dina rumpaka kawih Es Lilin nyaeta ngagambarkeun suasana rasa cinta tapi khawatir jeung bingung, nyaeta rasa cinta ka saurang lalaki tapi masih khawatir jeung bingung sieun teu jadi jeung sieun dibawa kabur.

• Perasaan pangarang (unsur nada jeung suasana) dina rumpaka kawih Papatong nyaeta ngagambarkeun suasana kahirupan anu kaalaman ku jalma anu diibaratkeun ku papatong, nyaeta sanggeus ngalakonan kahirupan jalma teh bakal manggih waktuna reureuh tina kariweuh anu bisa dihartikeun reureuh tina kahirupan nyaeta bisa oge hartina ngaleungit ti dunya.

3. Bedana wangun rumpaka kawih Es lilin jeung Papatong nyaeta dina rumpaka kawih Es Lilin mah digunakan wangun saperti sisindiran nyaeta aya bagean cangkang atawa sampiran jeung bagean eusi, sedengkeun dina rumpaka kawih Papatong mah digunakan wangun saperti sajak nyaeta kabeh kekecapan nu aya mangrupa eusi. Aya sawatara rupa lagu Sunda nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang.

4. amanat anu aya dina kawih Es Lilin nyaeta yen salaku hiji wanoja kudu bisa ngajaga harga diri. Hiji wanoja, sanajan mikacinta pisan ka hiji jajaka, ulah sok wani bareng paduduaan umpama can jadi salaki pamajikan sacara resmi (saperti nu aya dina kalimah "abdi alim dunungan paduduaan"). Salaku hiji wanoja

oge kudu boga rasa kasieun, nyaeta sieun di bawa ka mana-mana (saperti nu aya dina kalimah "sok sieun mah dibantun ka mana-mana").

• Intina, kahirupan ieu teu kedah diidinan ku dunya dunya fana, hayu urang ngalakukeun kahadéan salami urang hirup (perbuatan maruf nahyi munkar) silih naséhat dina kahadéan sareng kasabaran, sabab someday urang bakal dijemput ku maot, anu asalna pinuh ku misteri sareng teu aya anu terang iraha angkatna. Anu kedah urang perhatoskeun nyaéta kumaha urang nyiapkeun diri supados saatos maot janten tempat istirahat pikeun urang, sanés tempat

anu nyeri sareng pikasieuneun pisan.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh radennaka507 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Thu, 22 Jul 21