Quiz bulan ramadhan 1. Kadaharan di jieunna Tina ketan, Aya anu

Berikut ini adalah pertanyaan dari ariefcakep01 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Atas

Quiz bulan ramadhan1. Kadaharan di jieunna Tina ketan, Aya anu amis Aya anu asin, bentukna ipod biasanya di beuleum, di sebut....
2. Kadaharan dijieunna Tina toping ketan dicampuran Jeung kalapa, keur nu resep lada, biasana sok di oncoman, sedengkeun anu teu resep lada biasana sok polos wae Ngan sok di banjir ku kinca, iri kadaharan biasana sok di sebut....

#NoNgasal
#NoSpamChat
#BigPoin
#SelamatMengerjakan

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Apeum

2

Apeum nyaéta kadaharan anu bahan dasarna tina peuyeum sampeu. Cara ngolahna ku cara di sepan dina katel diwadahan kana loyang.

2. Awug

3

Awug nyaéta kadaharan khas urang sunda anu dijieunna tina tipung beas, tipung ketan, gula beureum, kalapa parud jeung bentukna krucut. Baheulana mah dijieunna dina pas usum panén hungkul tapi kiwari mah tos henteu. Jalma anu di luar sunda ogé mikaresep kana dahareun ieu ku sabab ngeunah jeung rasana unik kadang mah sok dibawa pikeun oleh-oleh ti Bandung. Awug ogé bisa disebut tipung beas anu dilapis-lapis ku gula beureum daharna dibeulahan siga meulahan roti terus dipurulukan ku kalapa parud, adonan tipung béas anu diseupan bareung jeung gula beureum.

3. Kurupuk

4

Kurupuk nyaéta salah sahiji jenis kadaharan jajanan (snacks). Najan kitu, di sababaraha wewengkon, utamana di Tatar Sunda, kurupuk biasa dijadikeun batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun “beurat” séjénna (hucap, baso, lotek, jsb).

Bahan dasar kurupuk biasana sabangsaning tipung nu diadon jeung cai tur bungbu atawa rasa nu dipikahayang nepi ka dalit, diseupan, tuluy ditiiskeun. Bahan satengah jadi ieu tuluy dipotongan atawa dicitak sakumaha bentuk nu dipikahayang (buleud, rungga-renggi, atawa kotak), digaringkeun pikeun engkéna digoréng maké lisah kalapa atawa disangray.

4. Cireng

5

Ciréng nyaéta kadaharan nu ilahar di Sunda, dijieun tina aci sampeu, di bumbuan tuluy digoréng.

5. Papais

6

Papais nyaèta hiji nami katuangan anu didamel tina tipung bèas. Papais aya nu asin jeung aya oge nu semu amis. Papais asin mah biasana tara aya eusian, tapi papais nu teu amis teuing, mung semu amis mah, di tengah-tengah papaisna aya potongan cau, biasana mah cau nangka atawa cau sejenna gè sok dianggo. Terus ditèmpèlan daun pandan saalit ditengahna, nu ngajadikeun seungit kana papaisna.

Papais sok disuguhkeun dina acara-acara raramèan, sapertos hajat nikah, nyunatan, tahlilan, muludan, rajaban, jsb. Tapi sok aya ogè anu jualan èta katuangan, umumna mah nu sok masih kènèh ngadamelan èta papais tèh ayana di pilemburan.

6. Rujak

7

Rujak nyaéta kadaharan lada nu dijieun tina rupa-rupa bungbuahan ngora atawa beubeutian. Bungbuahan jeung beubeutian nu dijieun rujak biasana buah ngora, balingbing, bangkuang, jsb. Nyieunna mah kawilang babari. Rupa-rupa bahan nu disebut di luhur dikeureutan. Bungbuna kayaning asem, cengek, cabe, jeung gula beureum diréndos dina coet. Rujak kawas kieu disebut rujak uleg. Ilaharna di dahar pabeubeurang babarengan. Aya ogé rujak nu ngahaja dijieun dina acara husus anu disebutna babarit, rujakna disebut rujak kanistren. Aya ogé rujak anu bungbu, bungbuahan, jeung beubeutian dibebek babarengan, disebutna rujak beubeuk.

7. Karedok

8

Karedok nyaéta mangrupakeun kadaharan khas Sunda anu bahan-bahan na tina sabangsaning bonteng, engkol, kacang panyang, surawung, toge, jeng terong, sedengken sambel na cengek, suuk, muncang, asem, gula. anu di renos dina coet sakabeh bahan na dihijikeun.

8. Peuyeum

9

Peuyeum nyaéta kadaharan anu dijieun tina sampeu atawa beas ketan. Cara ngolahna di sepan (kukus) terus di ragian sangges di ragian tuluy di bungkusan ku daun waru atawa daun tisuk, lamun peuyeum ketan biasana di bungkusna ku daun muncang atawa daun hangasa, tuluy di simpen kira-kira 2 poe. Ni’mat di daharna dina wanci panas atawa tengah poe.

9. Koci

10

Koci nyaéta hiji kadaharan nu ilahar kapendak di wewengkn Pulo Jawa, di damelna tina ketan nu aya eusian tina parudan kalapa sareng gula beureum atanapi campuran kacang hejo sareng gula beureum, dibungkus daun cau. Di Madiun Jawa Timur, koci katelah mbel-mbelan.

10. Comro

11

Comro nyaéta kadaharan khas ti Jawa Kulon (Jawa Barat). Comro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk buleud atawa lonjong anu bagian jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digoréng, mangkana kadaharan ieu dingaranan comro anu mangrupa singketan tina oncom di jero. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun di dahar waktu haneut kénéh.

Penjelasan:

maaf kalo salah

~umaru~

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh savaaliya1089 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Thu, 22 Jul 21