Buatlah Cerita Bahasa Sunda Tentang Pendidikan​

Berikut ini adalah pertanyaan dari rafhaelgans01 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Dasar

Buatlah Cerita Bahasa Sunda Tentang Pendidikan​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Karya tulis : Cerpen pribadi

Pangalaman Abdi Ngiring Kagiatan Pramuka di Sakola

Di SD abdi tiheula dina saban dinten senen ngayakeun upacara sakola ti kelas 1 dugi ka kelas 6. Nanging, abdi tacan pernah jadi patugas upacara hususna ti pengibaran bendera sabab abdi ngarasa isin sarta tacan tiasa.

Saatos ngalajeungken atikan ka SMP Abdi ngiring kagiatan Pramuka. Mimitina abdi kirang boga niat kanggo kagiatan ieu, sabab ceuk abdi mah panas, lalungse sarta kirang cihuyy!

Nanging kanyataan nyarios sanes. Abdi dipaksa ku sababaraha rerencangan katut guru kanggo ngiring aktip dina kagiatan pramuka. Ahirna Abdi nyerah sareng ngiring sadaya kagiatan pramuka anu aya di SMP abdi kasebat.

Abdi latihan jeung latihan terus! Saatos sa-sasih, dua sasih, ahirna Abdi tiasa mingpin baris berbaris sanaos aya rasa isin sareng sok rada-rada lepat sakedik, ah tapi ceuk abdi mah wajar weh, da ngarana ge diajar keneh, bener teu?!

Dina wanci eta abdi dititah ku guru sareng dipaksa kanggo jadi patugas upacara hususna pengibaran bendera merah putih di sakolaan, yen harita teh dinten kemis sareng engkin dinten senen na abdi di titah tugas ngibarkeun bandera pas upacara.

Ahirna Abdi sareng dua rerencangan abdi dina wanci eta keneh latihan mung aya 2 dinten kanggo latihan nyaeta kamis jeung juma’ah, sabab dinten sabtuna pas pisan sareng tanggal bereum.

Singkat carita, sarta dugi ahirna di dinten senen ahirna abdi sareng kadua rerencangan abdi berhasil ngibarkeun bandera dugi teu aya kalepatan sakedik oge, alhamdulillah!

Tah, ti dinya abdi rumaos robah ti diri abdi anu mimitina jalmi nu sok isinan dugi tiasa janten jalmi anu percanten diri sarta aktif di unggal kagiatan di sakolaan dugi ayeuna.

Sadaya anu dicarioskeun ka abdi ngeunaan kagiatan pramuka ieu tetela saleresna leres. Pramuka tiasa midamel urang jadi seueur rerencangan, pramuka tiasa ngalatih urang mikin tanggung jawab, pramuka ngarobah urang jadi kaayaan pribadi anu disiplin.

Sarta tinangtu saniskanten kagiatan pramuka oge tiasa midamel urang langkung percanten diri, henteu borangan sarta henteu gampil isin lamun kedah pahareup-hareup kalawan rahayat atawa jalmi seueur.

Leres naon anu disebutkeun ku guru abdi di SMP yen pramuka eta leres tiasa ngarobah diri abdi. Kiwari abdi sok isinan. Abdi henteu deui kaku isinan lamun aya di payun kelas dina nepikeun hiji hal.

Kiwari abdi tiasa langkung tanggung jawab, langkung disiplin sarta henteu borangan atanapi cemen!

penjelasan :

*Unsur intrinsik cerpen*

Tema :

Mangfaat Kagiatan Pramuka

Alur/Plot :

Maju

Latar/setting :

Lingkungan sakola, upacara bendera

Tokoh :

Abdi

Penokohan :

Abdi – jalmi isinan

Sudut pandang :

Pramuka tiasa midamel urang jadi seueur rerencangan, pramuka tiasa ngalatih urang mikin tanggung jawab, pramuka ngarobah urang jadi kaayaan pribadi anu disiplin. Kagiatan pramuka tiasa midamel urang langkung percanten diri, henteu borangan sarta henteu gampil isin lamun kedah pahareup-hareup kalawan rahayat atawa jalmi seueur.

Gaya bahasa :

Bahasa sunda sedang, sopan

Amanat :

Jadi jalmi ulah sok isinan, kudu tiasa janten jalmi anu percanten diri.

Unsur Ektrinsik :

Latar belakang yang ingin disampaikan pengarang bahwasanya dia seorang yang pemalu kini menjadi lebih percaya diri, pengarang menjelaskan bahwa pramuka sangat bermanfaat bagi perkembangan diri kita.

“Kiwari abdi sok isinan. Abdi henteu deui kaku isinan lamun aya di payuneun kelas dina nepikeun hiji hal. Kiwari abdi tiasa langkung tanggung jawab, langkung disiplin sarta henteu borangan atanapi cemen!”

SEMOGA BERMANFAAT :3

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh bilqisnew123 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sun, 15 May 22