eusi Sajak Sunda di luhur! 1) Naon nu dimaksud "ngukur

Berikut ini adalah pertanyaan dari daniramdan88 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Dasar

Eusi Sajak Sunda di luhur! 1) Naon nu dimaksud "ngukur jalan" dina sajak Aki jeung Balon di luhur​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Anu dimaksud ngukur jalan dina sajak Aki Jeung Balon karya Ami Raksanagara nyaeta rasa teu sanggup lamun kudu ngukur luas jalanan dina hiji daerah anu geus di kurilingan ku tokoh dina sajak (Rasa tidak sanggup tokoh dalam sajak untuk mengukur luas daerah dengan berjalan kaki).

Amanat anu aya dina sajak Aki Jeung Balon, nyaeta:

  • Kudu nyaah jeung hormat ka jalmi anu tos sepuh.
  • Kudu nyaah jeung hormat ka kolot.
  • Kudu tetep daek usaha najan usia tos sepuh.

Sajak : Aki Jeung Balon

Karya : Ami Raksanagara

Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan

Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan

Dibaturan sobat ngaran  rancatan

Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

Kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggaleun

Geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun

Ujang, Eulis yeuh tingali barang Aki

Geura galeuh keur ameng engké di bumi

Aki! Aki! Abdi mah da hoyong balon

Deudeuh teuing kasép di Aki mah henteu aya

Niupna ogé Aki mah geus teu kawasa

Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga

Ari Aki sakieu nya kakolotan

Mending ogé kasép ieu yeuh kokolécéran

Lamun angin muterna téh aduh jeung tarik pisan

Resep teuing engké ameng lulumpatan

Aki! Ka dieu! Kétang da abdi mah moal meuli

Ulah kitu kasép bet abong ka aki-aki

Ceuk sepuh mah kasép ngaheureuyan téh  pamali

Hiji dua léngkahna teuing ku beurat

Aya haté milu lewang paur umurna bret pegat

Teuing di mana Si Aki tetep nya matuh

Boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung

Ngan nu nyata kulitna asak ku poé

Aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan

Aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan

Aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan

Aki! Aki! Rék ka mana lamun panonpoé saré

Pembahasan

Sajak nyaeta mangrupakeun hiji karya sastra wangun puisi anu teu kaikeut ku aturan. Sajak dina wangunna henteu siga dangding anu kaikeut ku aturan pupuh, nyaeta guru lagu jeung guru wilangan. Jadi, sajak nyaeta karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.

Menurut Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), sajak adalah bentuk karya sastra yang teratur dan terikat dalam baris-barisnya.

Pelajari lebih lanjut:

Pelajari lebih lanjut materi tentang sajak, pada:

#BelajarBersamaBrainly

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh maulanaasyari dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Thu, 05 May 22