Sanggeus hidep maca dongéng "Sasakala Lembur Panyairan". Pék paluruh hal-hal

Berikut ini adalah pertanyaan dari Jaki08262525 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Dasar

Sanggeus hidep maca dongéng "Sasakala Lembur Panyairan". Pék paluruh hal-hal ieu di handap.1. Naon judulna éta dongéng téh? Apa judul dongéng tersebut?

2. Kaasup kana wanda dongéng naon ? Termasuk ke dalam jenis dongeng apa?

3. Saha palakuna jeung kumaha watekna ? Siapa saja pelaku dalam dongeng tersebut dan bagaimana wataknya?

4. Hal-hal pamohalan naon waé nu aya dina éta dongéng ? Hal-hal tidak masuk akala pa saja yang ada pada dongéng tersebut?

5. Naon amanatna tina éta dongéng ? Apa amanat dari dongéng tersebut?

LANJUTAN CERITA DI GAMBAR :
aisan indungna téh leungit duka ka mana losna, diganti ku lauk bibit, ngan anéhna éta lauk téh bet cipanonan kawas anu keur ceurik.

ki patani pohara pisan sedihna kaleungitan budak nu kacida dipikanyaahna.

"Hampura Bapa Ujang, geus ngareumpak jangji sorangan, lauk anu geus dijangjikeun keur hidep kalahka dipaké nyuguhan sémah." Ceuk patani bari dumareuda. Ti dinya terus manéhna sumpah yén ti semet harita cadu melak lauk. Éta tempat téh antukna nelah kampung panyairan ngalap kana lalampahan patani nyair lauk tina kulah. Nepi ka kiwari, sanajan di kampung Panyairan téh cur-cor caina tapi teu bisa dipaké miara lauk.

(Diropéa ku Lely Halimah tina Carita Rahayat Urang Parongpong)

Sanggeus hidep maca dongéng

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

  1. Judul eta dongeng teh nyaeta “Sasakala Lembur Panyairan
  2. Dongeng “Sasakala Lembur Panyairan” kaasup kana dongeng Legenda, nyaeta dongeng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
  3. Palaku dina eta dongeng nyaeta :
  • Mamang Patani watekna sopan ka semah, tapi bedegong teu beunang dibejaan.
  • Bibi Patani watekna sopan, nurut kana parentah.
  • Semah watekna rewog.
  • Budak watekna bageur tapi barbarian.

4. Hal-hal pamohalan nu aya dina eta dongeng nyaeta :

Budak bisa leungit tuluy robah jadi lauk bibit.

Lauk bibit eta kawas anu ceurik

5. Amanat tina eta dongeng nyaeta :

  • Urang kudu sopan ka semah, bisa ku cara nyuguhan ku dahareun.
  • Urang kudu minuhan jangji nu geus dikedalkeun, ulah jalir jangji.
  • Urang ulah bedegong teu beunang dibejaan.
  • Urang lamun jadi semah ka tempat batur kudu bisa ngajaga etika, lamun disuguhan ulah nepika dibeakkeun.
  • Urang ulah asal ngomong sumpah, bisi goring akibatna.

Penjelasan:

Dongeng kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Hal anu ngabedakeun dongeng jeung carita nu sejenna nyaeta, dina dongeng mah sok aya jalan carita anu pamohalan atawa teu asup kana akal. Saperti sato no bisa ngomong, sato nu bisa ngalakukeun hal-hal anu ngan bisa dilakukeun ku jalma. Dongeng umumna nyebar sacara lisan ti generasi ka generasi.

Dongeng bisa dibagi kana lima bagian, lamun ditingali tina eusna.

1. Fabel, nyaeta dongeng anu nyaritakeun sasatoan. Contonya sakadang peucang jeung sakadang buhaya, sasakala uncal tandukan, jeung loba deui conto nu sejenna.

2. Parabel, nyaeta dongeng anu nyaritakeun kahirupan jalma biasa. Contona dongeng Si Kabayan.

3. Legenda, nyaeta dongeng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Contona dongeng Sasakala Tangkuban Parahu, Sasakala Situ Bangendit, Sasakala Talaga Warna, jeung loba deui.

4. Mite, nyaeta dongeng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan bangsaning juring jeung siluman.

5. Sage, nyaeta dongeng anu nyaritakeun jelema atawa kajadian nu ngandung unsur sajarah, osok oge disebut dongeng babad. Contona, dongeng Sunan Gunung Jati, Prabu Siliwangi, jeung sajabana.

Dina dongeng aya unsur-unsur intrinsikna, nyaeta aya tokoh, watek tokoh, galur atawa jalan carita, kasang atawa latar tempat jeung waktu, oge aya amanat. Unggal dongeng pasti aya amanat atawa nasehat nu rek ditepikeun. Biasana ngeunaan kajujuran, kasatian, tong sarakah, tong sombong, tong jalir jangji jeung liba deui amanat sejenna.

Pelajari lebih lanjut :

Pelajari lebih lanjut tentang macam-macam dongeng basa sunda pada yomemimo.com/tugas/603440

Pelajari lebih lanjut tentang unsur intrinsik dongeng basa sunda pada yomemimo.com/tugas/17434010

#BelajarBersamaBrainly

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh equivocactor dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Tue, 03 May 22